MACA SAJAK SUNDA

SANG WAKTU
H.R Hidayat Suryalaga

Tuk tek sora jam
Saperti baju nu ngarajam
Detik nu arindit ngaleuleungit henteu pamit
Sajorélat-sajorélat menit-menit ngalaliwat
Tanpa béja henteu ninggalkeun amanat
Anu nyésa tapak-lacak nu can tuntas
Pancén gawé nu teu réngsé
Jeung hanca anu katunda
Tamatna iraha boa
Angka-angka tingbelesat
Jamparing nimbus walikat
Nu teu sadar kana waktu
Hirup bakal tambuh laku

                                         Rimbantara, 2009 Masehi

SANGKURIANG
Hasan Wahyu Atmakusumah


sangkuriang ngaran kuring
ti beurang_tukang caringcing
ti peuting tukang ngalinjing
neangan indung nu nundung
ah! kuring hirup nyingkahan kabingung
nyingkahan rurubed nu jolna ti aing
bongan kiwari geus taya wanci mustari
rea teuing sangkuriang
geus musna beurang
alam geus ilang dangiang
tinggal peuting anu panjang
cul hanca, ngadukduk acong-acongan
cul raga muru muru nu acan karuhan

sangkuriang ngaran kuring
nu dibapaan ku badega
da bongan indung nu linglung
ngucap jangji tanpa ungang-ungang
indung ! bongan saha medalkeun sangkuriang
kitu cek ajali
tangtu kaharti
tapi naha ? dayang sumbi ngudar ucap
apan cek tadi
sangkuriang baris mondong nyai putri
nu ninun puluh taun
tapa bari sewot kana barera
bongan geus nyieun carita
ngagurat di nu kiwari
alam ! anjeun musuh nu weduk ku teluh
nu ngayuga! ieu kuring geuwat ropea
ulah dijieun teundeun poho
bisi dunya ditangtang ka tengah kalang tanpa sisi

sangkuriang ngaran kuring ! prak raponan
samemeh dunya awut-awutan, panonpoe disosoeh
samemeh balebat ngan kari urut
bongan geus nyieun ebat
ka sangkuriang anu linglung
eh istijrad! nyata anjeun teu beunang dipisobat
tangtu ku aing ditenjrag
ieu kuring sangkuriang
menta hirup mangsa bulan mun geus kembar
najan napsu rek dikencar-diumbar.

Rakata, 20-11-1955
Tina Kanjutkundang
Kiwari, maca sajak téh geus ilahar pisan dilaksanakeun ku urang Sunda. Sajak-sajak ciptaan para panyajak digalantangkeun ku nu macana di hareupeun balaréa. Nu maca sajak téh minangka wawakil panyajak pikeun nembrakkeun sagala rupa rasa jeung pikiran nu nyangkaruk dina sajak nu dibaca. Maca sajak kieu téh geus jadi hiji wanda kasenian nu mandiri. Kawas dina seni-seni séjénna, maca sajak ogé tangtu baé aya carana atawa téhnikna nu kudu dipibanda ku pamaca sajak.
Nu dibahas di dieu: tehnik dasar. Ari tehnik dasar tea bisa diulik ku sing saha bae nu hayang bisa. Mun geus nyangkem dadasarna, ka dituna bisa dimekarkeun ku sorangan, 
jadi gaya nu mandiri, unik taya duana, teu nyampak di nu sejen. Upamana, tehnik maca sajak Rendra beda jeung Taufik Ismail, Sutarji CB, jrrd. 
Nyurahan Sajak 
Pamaca sajak kudu bisa nyurahan (napsirkeun) eusi sajak saméméh midang. Pamaca sajak kudu bisa ngahartikeun eusi sajak, atawa paling saeutik kudu bisa ngararasakeun suasana, émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak. Napsirkeun sajak bisa ku cara parafrase nyaéta ngarobah hiji puisi jadi prosa ku cara nambahkeun kecap-kecap sorangan kana sajak nu nyababkeun sajak jadi gampang dipikaharti. Atawa, ngadadarkeun deui eusi sajak ku kecap jeung kalimah sorangan. 
Pamaca sajak kudu eungeuh kana kecap-kecap konci dina hiji sajak. Upamana dina hiji sajak aya kecap ceudeum, kulawu, berewit, késang, cimata, bisa ditangtukeun yén éta sajak téh moal jauh ti nyaritakeun kasedih. Mun dina hiji sajak aya kecap seuneu, ngagedur, peureup, beureum, bisa ditangtukeun yén eusi sajak téh nyaritakeun sumanget atawa kaambek. 
Lenyepan (Penghayatan) 
Lenyepan ditangtukeun pisan ku hasil tina nyurahan kana hiji sajak. Mun nyurahanana kaliru, tangtu baé lenyepan dina maca sajakna oge bakal kabawa salah. Upamana baé, hiji sajak nu eusina nyaritakeun kasedih, der digalantangkeun bari ambek tipopolotot, atawa sabalikna ti éta.  Alhasil, pamaca sajak kudu bener-bener bisa nyurahan heula hiji sajak saméméh magelaran. 
Lenyepan oge kuat patalina jeung émosi. Hiji sajak kudu dibaca luyu jeung rasa atawa émosi nu nyangkaruk dina hiji sajak. Takeran rasa kudu pas jeung eusi sajak. Mindeng urang nyaksian pamaca sajak ngadon nyegruk, atawa ceurik balilihan, atawa sabalikna, ambek tipopolotot nyentakan nu lalajo. Hal saperti kieu bisa ngabalukarkeun kecap jeung kalimah jadi teu jéntré da émosina kaleuleuwihi téa. Padahal, apan pamaca sajak mah kudu atra ngucapkeun kecap jeung kalimah. 
Artikulasi 
Artikulasi dina maja sajak taya lian iwal ti kajéntréan lebah ngalapalkeun aksara demi aksara. Dina maca sajak aya nu disebut cacad artikulasi, nyaéta tadi, teu jelas dina ngalapalkeun aksara lantaran létah si pamaca henteu nepi kana wewengkon artikulasi. Upamana, dina ngalapalkeun aksara  T apan létah téh kudu neken antara huntu jeung gugusi. Ngalapal M  biwir kudu rapet, jeung sajabana. Mun artikulasina teu jéntré, nu ngabandungan bakal jéngkél jeung sajakna ogé bakal teu puguh kapirengna. Aya sawatara cara pikeun latihan artilulasi, diantarana ngalapalkeun kalawan gancang kalimah-kalimah nu hésé, upamana ; laeur mapay areuy, ban oplét opat, babu ibu abi, jrrd. 
Intonasi 
Intonasi téh lagu kalimah atawa lentong. Intonasi dina maca sajak ditangtukeun pisan ku sajakna da apan sajak téh kalimah nu ngalagu téa. Intonasi karék bisa genah karasana lamun pamaca sajak bisa nyurahan  tur ngalenyepan eusi sajak. Réa pamaca sajak nu ngaheulakeun lentong batan nyurahan jeung ngalenyepan sajak, nu ngabalukarkeun lentongna karasa dijieun-jieun teuing. Lentong mah bakal nuturkeun mun pamaca sajak bener-bener geus ngajiwaan eusi sajakna. 
Wirahma 
Wirahma  téh nyaéta kombinasi turun-naékna, panjang-pondokna, tarik halonna maca sajak.  Nya  wirahma pisan nu ngalantarankeun rasa jeung pikiran dina sajak terus ngocor teu pegat-pegat, ngawangun imaji nu hirup tur jéntré. Wirahma ngawujud tina tekanan-tekanan kana kecap. Aya nu disebut tekanan dinamik; tekanan tarik jeung halonna ucapan. Tekanan Nada: luhur jeung handapna sora. Tekanan Tempo; gancang jeung lambatna dina ngucapkeun kalimah. Catetan: pamaca sajak kudu ati-ati dina ngagunakeun témpo. Témpo kudu pas, ulah gancang teuing, komo lamun lambat teuing mah, matak bosen nu ngabandungan.

Randegan
Randegan atawa jéda téh nyaéta eureun sakedapan. Tangtuna gé pamaca sajak dina macana teu nurugtug kitu baé. Lian ti ngarandeg dina tanda-tanda baca, atawa antara pada (bait) jeung pada, pamaca sajak ogé kudu ngarandeg lebah kalimah-kalimah penting dina sajak, sangkan nu ngadéngékeun (nu lalajo) bisa ngalenyepan éta kalimah penting téa. Randegan kieu téh digunakeun saperluna baé. Upama pamaca sajak mindeng teuing rundag-randeg, bisa ngabalukarkeun témpo maca jadi lambat, matak kesel ka nu lalajo. 

Klimaks 
Teu kabéh sajak bakal genah dibaca di pakalangan. Sajak nu bakal genah dibacana nyaéta sajak-sajak nu atra tur karasa klimaks atawa puncakna. Sajak bakal karasa tutug, anggeus, jeung nyerep ka nu ngabandungan. Kitu ogé mun pamaca sajak bisa ngabina puncak. Nu disebut membina puncak téh nyaéta nahan émosi, nahan sora, nahan témpo, saméméh nepi ka puncakna dina éta sajak. Upama hiji sajak diwangun ku opat pada, tur klimaksna aya di pada katilu, pamaca sajak kudu bisa nahan émosi, témpo, sora dina pada kahiji. Dina pada kadua, émosi, sora, témpo, mimiti ditingkatkeun. Dina pada katilu (puncakna téa), émosi, sora jeung témpo dimaksimalkeun pisan. Dina pada kaopat minangka antiklimaks-na, émosi, sora jeung témpo diturunkeun deui. 

Pasemon jeung Réngkak 
Pasemon (mimik) tangtuna ge diluyukeun jeung rasa nu nyangjaruk dina sajak nu dibaca. Pasemon, ruak-riukna pamulu, gular-gilerna panon, ditangtukeun pisan ku inténsitas penghayatan pamaca sajak kana sajak nu dibaca. Pasemon bakal karasa wajarna upama pamaca sajak enya-enya ngalenyepan eusi sajakna. Sedengkeun réngkak; usikna leungeun, meureup, ngacung, gilek sirah, gejlig atawa léngkah, fungsina taya lian iwal ti pikeun leuwih ngajéntrékeun naon nu nyangkaruk dina eusi sajak nu dibaca.Réngkak kudu puguh motivasina, kudu puguh maksudna. Réngkak nu dapon usik, komo bari réa teuing pakepukna, bisa jadi matak teu puguh kana naon nu rék dijéntrékeun. 
*** 

Sajak Sunda nya eta salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pati kauger ku patokan wangunan.[1]Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bebas,kungsi oge disebut sanjak.[1]Disebut bebas teh saenyana mah relatif, nya eta lamun dibandingkeun jeung puisi-puisi saheulaeunana, utamana upama dibandingkeun jeung dangding anu kabeungkeut pisan ku patokan guru wilangan jeung guru lagu.[1]Saenyana mah sajak oge mageuhan keneh rupa-rupa konpensi puisi, upamana lebah diksina jeung rakitan ungkarana.[1]Ari Taufik Faturohman mah nyindekkeun yen nu disebut sajak teh nya eta karangan ugeran anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna

Gelarna Sajak Sunda

Kakawihanpaparikan, jeung wawangsalan gelarna geus heubeul pisan,malah hese dipastikeun iraha gelarna da puguh nyebar ku lisan jadi apal-apalan balarea.[1]Ari sajak mah, nya eta sajak bebas tea, gelarna teh beh dieu, dina jaman sanggeus urang merdeka.[1]Eta wangun sajak teh mimitina mah henteu ujug ditarima da pagar lain wangunan sastra Sunda.[1]Padahal kakawihan oge anu wangunanana mah teu beda ti sajak, geus aya dina sastra Sunda.[1]Sajak Sunda gelar dina sabudeureun taun 1950,ti taun 1946 keneh geus aya nu nulis dina wangunan sajak, nya eta Kis WS.[3].Sajak teh samemeh dibukukeun jadi kumpulan sajak, sok dimuat heula dina sawatara media massa saperti majalah jeung surat kabar.[3]Sawatara majalah jeung surat kabar basa Sunda anu sok remen ngamuatkeun sajak sunda teh diantarana: SipatahunanWargaSundaKujangKiwariSariLangensariHanjuangMangleGalura,Giwangkara,jrrd.[4].Buku kumpulan sajak nu munggaran terbit nya eta [Lalaki di Tegalpati]] karya Sajudi (1963).[4]Ka behdieunakeun dituturkeun ku kumpulan sajak liana, saperti Ombak Laut Kidul karya Rachmat M Sas Karana (1966),Jante Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Surat Kayas karya Surachman R.M. (1967), Tepung di Bandung karya Rachmat M Sas Karana (1972), Katiga karya Yayat Hendayana (1975), Nu Ngarongheap Mangsa Surup karya Eddy D Iskandar(1978), Sabelas Taun karya Usep Romli HM (1978), Jagat Alit karya Godi Suwarna (1979), jeung Nu Mahal ti batan Intenkarya Yus Rusyana (1980).[3]
Dina mangsa mimiti gelarna sajak Sunda, anu ditaratas ku Kis WS dina taun 1946, waktu anjeunna ngajapapang dina ranjang SR Cideres Majalengka, timbul reaksi anu henteu satujueun kana wangun sajak, da cenah anu asli puisi Sunda mah ngan dangding wungkul.[5] Nya harita timbulna nu disebut “Polemik Sajak” utamana dina surat kabar Sipatahoenan.[6]Di dinya pisan polemik ngeunaan hak hirupna sajak Sunda anu munggaran teh. Hiji jalma anu nyumput satukangeun ngaran Ki Sunda nganggap yen wangun puisi urang Sunda titinggal karuhun anu kudu didama-dama mah dangding, anu dianggap wangunan puisi anu pangsampurnana jeung pangendahna.[7] Tangtu bae sikep kitu teh nembongkeun yen manehna henteu kungsi diajar sajarah bali geusan ngajadina, nepi ka henteu terangeun yen dangding teh lain warisan karuhun Sunda pituin, tapi pangaruh tina sastra basa Jawa. Nepi ka timbul polemik teh, nya kulantaran rea anu henteu satujueun kana pamadegan Ki Sunda. Henteu satujueun dangding dianggap hiji-hijina warisan karuhun Sunda. Henteu satujueun sajak disieuhkeun tina kahirupan sastra Sunda. Tapi rea deuih anu sapamadegan jeung Ki Sunda oge.[8]Sora-sora anu kontra, anu nolak kana ayana sajak Sunda utamana dating ti kalangan sastrawan entragan kolot. Sabalikna, ti kalangan sastrawan entragan ngora muncul sora-sora anu pro, anu ngadukung sangkan sajak meunang tempat dina kandaga sastra Sunda. Atuh lantaran ayana sora anu pro jeung kontra tea, nya muncul polemik deui antara sastrawan ngora ngalawanan sastrawan kolot, masualkeun hak hirupna sajak dina kasusastran Sunda.[9] Cara polemik anu munggaran dina Sipatahoenan, geunaan hak hirupna sajak dina basa Sunda anu ditolak ku Ki Sunda saparakanca ti golongan sastrawan kolot, polemik anu kadua oge anu pangpangna lumangsung dina majalah Warga anu dibobotohan ku Yuyu Yuliati anu nolak sajak jeung Wahyu Wibisana saparakanca, ti kalangan sastrawan ngora anu ngabela sajak , henteu nepi ka jadi hiji kasimpulan anu cindek, sanajan leuwih rame tur jalma anu milu makalangana oge leuwih rea. Lamun polemic kahiji mah lumangsung dina awal taun 1950-an,polemic kadua mah lumangsung dina mangsa pertengahan taun 1950-an kira-kira dina mangsa taun 1955 tur henteu ngan wungkul dina majalah Warga wungkul tapi oge dina majalah jeung surat kabar sejenna oge ngamuat karangan boh anu pro kana sajak, boh ti anu henteu satujueun eta wangunan miboga hak hirup dina sastra Sunda. Jumlah anu ngabela hak hirup sajak Sunda dina polemik nu kadua mah beuki rea sabab harita geus renung barudak ngora anu narulis dina basa Sunda anu leuwih rea nuturkeun sastra basa Indonesia manan macaan wawacan atawa dangding dina basa Sunda anu harita geus hese kapanggihna ku sabab geus geus langka pisan pamedal anu ngaluarkeun buku basa Sunda.Eta barudak ngora the lian ti nembongkeun wawasan anu leuwih jembar ngeunaan sastra Indonesia, aya oge nu nembongkeun leuwih wanoh kana kabeungharan sastra karuhunna, saperti carita pantun, sisindiran, jangjawokan, kakawihan, jsb. Ti kalangan sastrawan ngora the diantarana Wahyu WibisanaRukasah SWKusnadi PSEddi Tarmidi, E. Permana, Hato’an Wangsasendjaja, jeung rea-rea deui. Ari pangarang nu teu kungsi pipilueun polemik, tapi sajak-sajakna nembongkeun ajen puisi anu luhur, anu nembongkeun yen basa Sunda mampuh digunakeun pikeun nulis sajak, atawa leuwih merenah: wangun sajakna the payus tur kupu ditulis dina basa Sunda oge. Hartina hak hirup wangunan sajak dina basa Sunda kudu diaku. Wangunan sajak kudu ditarima. Dina sajak-sajakna Sajudi nembongkeun yen salian ti ayana pangaruh tina sastra Indonesia,inyana oge pageuh ngakar kana tradisi puisi Sunda kayaning anus ok kapanggih dina carita pantun, sisindiran atawa kakawihan. Waktu sajak-sajakna dikumpulkeun tur dibukukeun dina Lalaki di Tegalpati (Kiwari, Bandung, 1963) – anu mangrupa kumpulan sajak munggaran dina basa Sunda – geus taya anu misoalkeun deui ngeunaan hak hirup sajak dina basa Sunda. Ku medalna eta buku khazanah sastra Sunda jadi leuwih beunghar,lain bae jumlah buku basa Sunda nambahan, tapi pangpangna mah ku lantaran sajak-sajak anu dimuat dina eta buku teh miboga ajen puisi anu luhur, nepi ka aya nu ngabandingkeun ajen puisi Sajudi jeung puisi Chairil Anwar dina basa Indonesia.[10]


Wangunan sajak dina sastra Sunda kiwari, kacida mekarna jeung kacida pentingna. Nu raresep kana sajak, hususna di kalangan para rumaja, prah di mana-mana. Kagiatan-kagiatan sabangsaning maca sajak nu diayakeun ku siswa-siswa sakola lanjutan atawa nu diayakeun ku pakumpulan-pakumpulan kasenian di masrakat geus jadi kailaharan. Kitu deui aktifitas kana nulis sajak. Sirung-sirung nu aya karep jeung aya pangaresep kana nulis sajak, renung di mana-mana.[11] Ti taun 1950-an keneh, anu nulis sajak terus nambahan tug nepi ka kiwari.[12] Ti taun ka taun, ti generasi ka generasi nu narulis sajak beuki nambahan, beuki ngalobaan. Aya nu terus mayeng ngarang nepi ka katelah jadi pangarang sajak, aya oge nu nungtut marekplekan ninggalkeun. Nu narulis sajak dina rupa-rupa majalah jeung surat kabar the karyana kadokumentasikeun dina sawatara buku. Anu geus rea ngahasilkeun sajakna sok terus dikumpulkeun jadi buku kumpulan sajak sarta diterbitkeun. Atuh anu teu kungsi ngumpulkeun, kapilih tur kapeting ku editor buku nu nyusun antologi, boh antologi puisi wungkul, boh antologi prosa jeung puisi. Ti entragan taun 1950-an diterbitkeun dina antologi Kanjut Kundang, beunang nyusun Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga. Ti harita lila taya nu nerbitkeun deui, jebulna deui the dina taun 1992, dina raraga mieling 46 taun sajak Sunda nya eta dina buku antologi Saratus Sajak Sunda, anu dipilih jeung dikumpulkeun ku Abdullah Mustappa. Tilu taun ti harita, taun 1995 terbit antologi sajak dina raraga mapag 50 taun Indonesia merdeka dijudulan Sajak Sunda Indonesia Emas. Ajip Rosidi ge ngusahakeun ngumpulkeun jeung narjamahkeun kana 3 basa Indonesia, Inggris, jeung Perancis dina raraga ngabageakeun Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) taun 2001, terbit Puisi Sunda Modern dalam Dua Bahasa. Disusul ku seri medalna buku antologi panglengkepna anu ngawengku ti awal gelarna sajak tug nepi ka jaman mutahir, taun 2007. Sataun ti harita, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (Sunda) FPBS Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung, nerbitkeun antologi prosa jeung puisi Lir Cahya Nyorot Eunteung, anu ngamuat husus karya-karya alumni jurusan Sunda ti eta paguron luhur. Dumasar dokumentasi eta, ieu di handap kapidangkeun ngaran-ngaran pangarang sajak Sunda ti awal gelarna tug dugi ka kiwari:
A.Nu kadokumentasikeun dina antologi Kandjut Kundang (Taun 1950-an n.k. 1960-an)
  1. KTS (Kadir Tisna Senjaya)
  2. Ki Umbara
  3. Utuy T Sontani
  4. Klara Akustia (A.S. Dharta)
  5. Kis WS (Kiswa Wiriasasmita)
  6. SJ.Bastaman
  7. Tan Bie Hun (Muh.Usman)
  8. Tien Wiradikusumah
  9. Ati WR (Tina Rochiati Wiriaatmadja)
  10. Tini Kartini
  11. Hasan Wahyu Atmakusumah
  12. Sajudi
  13. Kusnadi PS (Kusnadi Prawirasumantri)
  14. KS Widjaja (Koerdi Soekandawidjaja)
  15. Yus Rusamsi
  16. Wahyu Wibisana
  17. Eddi Tarmidi
  18. Surachman R.M. (Maman Surachman Radea).[13]
B.Nu kadokumentasikeun dina antologi Saratus Sajak Sunda (Taun 1950-an n.k.1990-an)
  1. Kis WS
  2. Olla S Sumarnaputra
  3. Tini Kartini
  4. Hasan Wahyu Atmakusumah
  5. Sajudi
  6. Yus Rusamsi
  7. Surachman R.M.
  8. Ajip Rosidi
  9. Kusnadi (Edi) Prawirasumantri
  10. Wahyu Wibisana
  11. Eddi Tarmidi
  12. Apip Mustopa
  13. Ajatrohaedi
  14. Karna Yudibrata
  15. Habibun Wangsaatmadja
  16. Odji Setiadji AR
  17. Hikmat Sadkar
  18. Muhammad Santosa
  19. Yus Rusyana
  20. Us Tiarsa R
  21. Rachmat M Sas Karana
  22. Sayudin Natadisastra
  23. Agus Sur
  24. Eson Sumardi
  25. Abdullah Mustappa
  26. Karno Kartadibrata
  27. Yous Hamdan
  28. Yoseph Iskandar
  29. Beni Setia
  30. Iyas Heriyana
  31. Hadi AKS
  32. Dadan Bahtera
  33. Deddy Windyagiri
  34. Etti RS
  35. Usep Romli HM
  36. Nita Widiati Efsa
  37. Ade Kosmaya
  38. Acep Zamzam Noor
  39. Godi Suwarna
  40. Eddy D Iskandar
  41. Juniarso Ridwan
  42. Rosyid E Abby
  43. Tatang Sumarsono
  44. Taufik Faturohman
  45. Soni Farid Maulana.[14]
C.Nu kadokumentasikeun dina antologi 'Sajak Sunda Indonesia Emas' (Taun 1950 n.k 1995) Meh sarua jeung dina Saratus Sajak Sunda, tapi aya tambahna nya eta:
  1. Teddy An Muhtadin
  2. Chye Retty Isnendes
  3. Darpan Ariawinangun
  4. Enas Mabarti
  5. Ano Karsana
  6. Risnawati
  7. Hidayat Suryalaga.[15]
D.Nu kadokumentasikeun dina Sajak Sunda (Taun 1950-an n.k. 2000-an, disusun alfabetis)
  1. Aan Merdeka Permana
  2. Abdullah Mustappa
  3. Acep Zamzam Noor
  4. Achmad Roestandi
  5. Ade Kosmaya
  6. Agus Lukmanul Hakim
  7. Agus Suriamiharja
  8. Ajip Rosidi
  9. Aman
  10. Ano Karsana
  11. Apip Mustopa
  12. Asep Ganda Sadikin
  13. Asep Sunjaya Adhikerana
  14. Asikin Hidayat
  15. Asikin I
  16. Asri Arumsari
  17. Ayatrohaedi
  18. Beni Setia
  19. Chye Retty Isnendes
  20. Darajati
  21. Darpan Ariawinangun
  22. Deddy Anggadiredja
  23. Deddy effendie
  24. Dede Sukmadi Dukat
  25. Dede Syafrudin
  26. Deden Abdul Aziz
  27. Dedy Windyagiri
  28. Deni A Fajar
  29. Didi D
  30. Dodong Djiwapradja
  31. Dudum Sumarja
  32. Dyah Padmini
  33. Empu Surawinata
  34. Endang Supardi DS
  35. Euis Balebat
  36. Eddi Tarmidi
  37. Eddo Sy
  38. Eddy D Iskandar