Purwakanti

Purwakanti 
nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan.

Rupa-rupa purwakanti

Gaya Basa Sunda

Gaya Basa dina Basa Sunda
Gaya basa nya éta rakitan basa (kalimah) nu dipaké sangkan nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadangukeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nya éta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana. (Wikipédia)
Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.
Papasingan Gaya Basa di antarana: