Nongton Wayang Golek/ Nganalisis Carita Wayang

https://www.youtube.com/watch?v=av3DLJJC6vo
https://www.youtube.com/watch?v=jEMbBUcmVYg

Istilah dina Pagelaran Wayang Golek

·       Kakawén       : lagu anu dihaleuangkeun ku dalang. Loba anu teu ngarti téh kusabab
                               kakawén mah maké basa Jawa Kuno (Kawi).
·       Murwa            : dalang mimiti prung ngawayang.
·       Janturan         : wayang anu ngajajar di sisi kénca jeung katuhu.
·      Tuding             : gagang leungeun wayang paranti ngigelkeun.
·     Campurit         : gagang wayang anu sok ditancebkeun kana gebog atawa dicekel ku dalang.
·     Campala         : panakol tina kai paragi dalang keketrok kana kotak jeung nakol kekecrék.
·      Bagedor         : gebog anu dipaké cicingna wayang.
·     Gugunungan   : parabot nu ditancebkeun dina gebog, sok dipaké isarah nunda atawa  
                                nyampeur carita ku dalang.
·         Sindén          : anu ngawih dina pintonan kasenian tradisional.
·         Nayaga         : tukang nabeuh gamelan.
·         Sabetan        : gerakna wayang
·         antawacana  : dialog (ku dalang)
·         jeung réa-réa deui.

Sajarah Wayang

Wayang Golék

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Wayang Golék téh hiji seni pintonan wayang nu mangrupa bonéka tina kai nu dipaénkeun ku dalang, nu kawentar tur populér pisan di Tatar Sunda.
Wayang mangrupakeun bentuk téater rahayat nu populér pisan. Masarakat mindeng ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar pintonanwayang kulit nu mintonkeun hirupna bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di wewengkon Tatar Sunda, nu pangpopulérna mah wayang golék.