Istilah dina Pagelaran Wayang Golek

·       Kakawén       : lagu anu dihaleuangkeun ku dalang. Loba anu teu ngarti téh kusabab
                               kakawén mah maké basa Jawa Kuno (Kawi).
·       Murwa            : dalang mimiti prung ngawayang.
·       Janturan         : wayang anu ngajajar di sisi kénca jeung katuhu.
·      Tuding             : gagang leungeun wayang paranti ngigelkeun.
·     Campurit         : gagang wayang anu sok ditancebkeun kana gebog atawa dicekel ku dalang.
·     Campala         : panakol tina kai paragi dalang keketrok kana kotak jeung nakol kekecrék.
·      Bagedor         : gebog anu dipaké cicingna wayang.
·     Gugunungan   : parabot nu ditancebkeun dina gebog, sok dipaké isarah nunda atawa  
                                nyampeur carita ku dalang.
·         Sindén          : anu ngawih dina pintonan kasenian tradisional.
·         Nayaga         : tukang nabeuh gamelan.
·         Sabetan        : gerakna wayang
·         antawacana  : dialog (ku dalang)
·         jeung réa-réa deui.