MACA CARPON

CARPON (CARITA PONDOK)


B.     Carita Pondok (Carpon)
Carita pondok sok disingget carpon, nyaéta karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran (prosa) anu wangunna pondok. Lebah ukuran pondok téa, aya anu di ukur ku jumlah kecapna nyaeta antara 5.000 – 10.000 kecap. Aya ogé anu diukur ku waktu macana nyaeta kurang leuwih saparapat jam, upama dibaca nepi ka réngsé téh. Tapi umumna carpon Sunda, upama diketik dua spasi make kertas ukuran polio téh, antara 4 – 8 lambar.
Carita pondok tѐh mѐh sarua jeung dongѐng. Carita pondok jeung dongѐng tѐh pada-pada mangrupa carita nu eusina parondok. Bédana, dina dongѐng mah loba bagѐan carita nu pamohal (teu asup akal) sedengkeun ari carita pondok mah umumna teu midangkeun bagѐan nu pamohalan, tegesna eusi carita pondok mah kaharti ku akal. Palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu kajadian dirѐka siga nu enya kajadian. Lian tiѐta carita pondok kaasup kana sastra modѐrn, sedengkeun dongѐng kaasup kana sastra heubeul. Carita pondok kanyahoan saha nu ngarangna, dongѐng mah teu kanyahoan saha nu ngarangna sabab sumberna ti masarakat umumna sacara lisan, sedengkeun carita podok sumberna tѐh umumna ngaliwatan wangun tulisan. Ayeuna kabѐhdieunakeun geus loba dongѐng nu dibukukeun tapi tetep nu ngarang mimitian mah teuing saha paling ogѐ aya katerangan dikumpulkeun/ dicaritakeun deui ku sahana.
Ciri-ciri carpon nyaéta :
1.      eusi caritana pondok,
2.      palakuna saeutik,
3.      latar tempatna saeutik, latar waktuna sakeudeung,
4.      nyaritakeun hiji kajadian carita.
Karya sastra prosa tѐh nya ѐta karya sastra wangun lancaran (karangan basa bѐbas), hartina teu kauger ku ayana katangtuan jumlah baris dina tiap bait, jumlah suku dina tiap baris (guru wilangan), jeung katangtuan sora dina engang panungtung jajaran (guru lagu).
Buku kumpulan carita pondok munggaran basa Sunda judulna Dog-dog Pangrѐwong, karangan G. S. (ngaran samaran) dikaluarkeun ku Balai Pustaka dina taun 1930, genep taun leuwih ti heula batan kumpulan carita pondok basa Indonѐsia, nya ѐta Teman Duduk, karangan Muh. Kasim taun 1963. Mimiti loba carita pondok nu medal sanggeus Bangsa Indonѐsia merdѐka. Utamana sanggeus loba majalah-majalah nu medal, kurang leuwih dina taun 1951.
Ceuyahna carpon dina sastra Sunda pangpangna sabada merdéka. Sumebarna umumna ngaliwatan majalah-majalah jeung surat kabar sunda. Pangarang-pangarang carita pondok jeung karyana anu geus dibukukeun, diantarana :
(1)    R.A.F. (Rahmatullah Ading Affandi): Carita Biasa, Dongéng Enteng ti Pasantren.
(2)    Rusman Sutiasumarga : Papacangan.
(3)    Ayatrohaédi : Hujan Munggaran.
(4)    Caraka ( Sandiasma Wiranta ) : Néangan.
(5)    Tini Kartini : Jurig, Nyi Karsih.
(6)    Yus Rusyana : Diluhureun Jukut Reumis, Jajaten Ninggang Papastén.
(7)    Ki Umbara : Diwadalkeun ka Siluman.
(8)    I. Asikin : Nu Tepung di Imah Dukun
(9)    Godi Suwarna : Murang-maring, Serat Sarwasatwa.
Pangarang carpon anu karyana can dibukukeun, diantarana : Mh. Rustandi Kartakusumah, Wahyu Wibisana, Adang S., Min Resmana, Holisoh ME., Ningrum Julaéha, Sukaésih Sastrini, Saini KM., Johar Éfsa, Aan Mérdéka Pérmana, Ami Raksanagara, A. Kohar, Tatang Sumarsono, Hidayat Soesanto, Sum Darsono, Cecep Burdansyah, Hadi AKS, Darpan Ariawinangun, Usman Supendi, jeung Budi Rahayu Tamsah.
Unsur carita anu aya dina carita pondok teh rupa-rupa, ngawengku :
1.      Tema carita.
2.      Tokoh atawa palaku carita
3.      Plot atawa galur carita.
Aya rupa-rupa galur atawa plot carita , nyaeta :
a.       Galur marele
b.      Galur maju
c.       Galur mundur.
d.      Galur bobok tengah
4.      Latar Carita
Anu kaasup latar carita nyaéta , waktu, tempat, jeung suasana lumangsungna kajadian carita.
5.      Amanat Carita

Conto Carita Pondok
GIRIMIS TEU BAÉ RAAT
Ku Dian Héndrayana
Asa geus peuting pisan. Girimis can baé raat. Basa lilir téh, karérét adi kuring keur ngajanteng deukeut jandéla. Hordéngna bangun ngahaja disingraykeun. Meureun ngarah laluasa nyawang ka luar. Leungeun katuhuna baé nyampay kana sarigsig. Najan teu pati caang, cahaya lampu ti tebéh buruan wasa nétélakeun yén adi kuring keur alum ngungun.
Ti peuting kamari kénéh, adi kuring puguh bangun meunang pangabetah dina peta nu kawas kitu. Utamana mun mangsa peuting lantis ku girimis cara ayeuna, manéhna sok ngajanteng deukeut jandéla, nyawang ka luar. Kituna téh sok bari ngembeng cimata.
Hiji mangsa mah kungsi dideukeutan, laju ditanya naha ku naon. Jawabna téh majar keur ningali Apa.
“Hawatos Apa kahujanan di buruan,” omongna.
Emh.
Diteuteup deui, manéhna bangun enya nu keur betah nyawang ka buruan nu majar Apa keur ngajanteng lebah dinya. Sok lila kituna téh. Éta baé, méméh girimis raat mah, bangunna cadu teuing kudu gancang lugay tina deukeut jandéla geusan muru pangsaréan.
Ari peuting ayeuna, adi kuring geus ngajanteng deui deukeut jandéla. Lebah pipina katémbong baé aya nu ngagurilap sésa cimata nu ngamalir taya reureuhna.
Girimis di luar can kénéh baé raat.
Pirajeuneun kuring turun tina pangsaréan. Tuluy ngadeukeutan muru manéhna. Sarérétan gé laju katangén, lebah juru panonna aya kénéh sésa cimata, ngeyembeng bangun nu ngadago limpas.
Ti mangkukna mula, teu kalis ku dibeberah jeung dililipur, ngungunna téh bangun nu taya anggeusna. Tuda enya, saréréa gé taya nu teu ngarasa duheulang basa Apa nilar téh. Teu gering teu lungsé ieuh, Apa bangun léah dipundut ku Nu Kagungan. Bari calik keur ngariung balakécrakan  satutas sambéang Magrib, Apa rubuh ngarumpuyuk. Kungsi neuteup ka saréréa méméh enya nilar sabada ngucapkeun lapad Alloh.
Lah!
Diteuteup deui téh, adi kuring anteng baé mencrong ka buruan. Ti tatadi gé da teu sing aya sasaha ari lain tangkal jambu jeung pager beusi mah. Tuh, najan enya lampu ti tebéh buruan teu caang teuing gé, puguh sidik taya sasaha atawa sugan aya nu ngadon ngulampreng rumingkang.
“Hawatos Apa kahujanan di buruan…,” omongna deui.
Ema nu kitu téh deuih. Ti saprak Apa mulih téa, Ema mah taya pisan kabéragan. Méh saban waktu Ema kudu waé bedah cimata. Tuga gé Apa ngerelekna dina lahunan anjeunnna pisan. Malahan Ema ku anjeun bangun enya ngiring ngedalkeun lapad Alloh. “Lailahaillalloh…”
Bet temahna, Ema
Sok rajeun katémbong numpi ngalangeu di kamarna. Ana pareng dilongokan mangsa usum dahar, walonna téh can hararayang atawa malik mariksakeun naha kuring jeung adi kuring geus dalahar atawa acan?
Leuh!
Di luar, girimis kalah asa beuki kerep. Sawaréh mah sawér pisan kana kaca jandéla. Sora séahna bet sada-sada talatah Apa ti kaanggangan, “Masing leket bebekelan ibadah keur bawaeun mulang…”
Ari dirérét, adi kuring kalah ka enya ngagukguk, cimatana limpas cara cihujan di luar nu murubut sanggeus bahé ti luhur langit.
“Ku naon Apa teu keresaeun lebet ka bumi…?” cenahna téh.
Disérangkeun ka buruan, cara tadi da puguh taya sasaha.
Kalah girimis beuki lila beuki kerep waé. Adi kuring anteng kénéh ngajanteng deukeut jandéla. Leugeunna beuki pageuh ngaranggeuman sarigsig. Tur kapireng deui inghakna beuki rosa waé. Sakapeung témbong obah taktakna tina nahan piceurikeun nu boa pohara kacida.
Teu lila tina kituna, manéhna malik neuteup ka kuring. Mencrong salila-lila.
“Ku naon Apa teu disina lebet?” tuluyna téh.
Kari kuring nu bati hémeng. Disérangkeun deui ka buruan, angger taya sasaha. Sanggeus ngaleupaskeun leungeunna tina sarigsig, ngan deregdeg baé manéhna ngejat ka luar ti kamar bari tuluy nelenyeng muru panto hareup.
Basa dituturkeun gagancangan, bet srog téh horéng Ema geus ngajanteng lebah dinya. Boa geus ti tatadi Ema ngajantengna téh. Pannona témbong semu carindul. Cimatana baé gugurilapan katojo ku cahaya lampu ti tebéh buruan.
Sajongjongan mah anteng baé neuteup ka kuring.
“Pangnyandakeun paying di pengker kanggo Apa…,” tuluyna téh semu dareuda.
Basa diteuteup deui, Ema lir nu teu wasa ngabedahkeun deui cimatana. Geus kitu mah, ngan segruk waé Ema muru korsi di rohangan tengah tuluy nyaluuh bari nginghak.
Harita pisan deuih adi kuring ceurikna bedah sapisan. Girimis mah duka iraha raatna.
Sumber:
http://wawawarno.guru-indonesia.net/artikel_detail-19980.html


Carita pondok teh nyaeta karangan rekaan (fiksi) anu wangunna pondok sarta ngan ukur ngasongkeun hiji peristiwa. Carpon umumna nyaritakeun hal-hal anu sipatna realistis, diangkat tina kanyataan.

Sajarah Carita Pondok

Carita pondok asal-muasalna mah tina talari carita lisan anu ngahasilkeun carita-carita kawentar kayaning Iliad sarta Odyssey  karya Homer. Carita-carita eta ditepikeun dina wangun puisi anu mibanda wirahma, kalayan wirahma anu mibanda fungsi minangka pakakas pikeun nulungan jalma pikeun nginget caritana. Bagian-bagian singget tina ieu carita teh, dipuseurkeun kana naratif-naratif individu anu bisa ditepikeun dina hiji kasempetan pondok. Sakabéh caritana kakara katémbong saupama sakabéh bagean caritana geus ditepikeun.

Ciri – Ciri Carita Pondok

  • Bisa rengse dibaca dina sakali mangsa
  • Alurna teu kompleks, museur kana hiji kajdian
  • Mere kesan lir enya-enya kajadian
Unsur Instrinsik Carita Pondok

·         Palaku
·         Amanat
·         Tema
·         Latar
·         Galur

Unsur Ekstrinsik Carita Pondok

·         Nilai-nilai dalam Carita Pondok
·         Latar Belakang Kahirupan Pengarang
·         Situasi Sosial

Teknik Nulis Carita Pondok

  1. Tema
  2. Bahan carita
  3. Alur
  4. Tokoh
  5. Dialog
  6. Sudut pandang
  7. Prak-prakan
Conto Carita Pondok