Dongeng

Dongéng kaasup kana golongan carita anu parondok, sarta sok aya bagian anu pamohalan, upamana dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana (Rusana, 1982:18).

James Danandjaya (1984:83) nétélakeun yén, dongéng téh
nya éta carita prosa rakyat anu dianggap teu kungsi kajadian, dicaritakeun upama keur hiburan, sok sanajan réa ogé anu ngagambarkeun bebeneran, eusina pangajaran moral, atawa sisindiran.

Istilah-istilah anu sinonim jeung dongéng dina sababaraha basa di dunya, nya éta fairy tales, (carita peri), nursery tales (carita barudak), atawa wonder tales (carita ajaib) dina bahasa Inggris; marchen tina bahasa Jerman; aeventyr dina bahasa Denmark; snookje tina bahasa Walanda; siaosu tina bahasa Mandarin; satua tina bahasa Bali jeung saterusna (ilikan Danandjaya, 1984:84).
Nurutkeun susunan bahasana, dongéng kaasup kana wangun lancaran (prosa) tapi sakapeung-kapeungeun sok diselang ku wangun ugeran (puisi) anu disebut kawih. Tina prakna didongéngkeun wangun lancaran dicaritakeun, ari wangun ugeran sok dikawihkeun.
Dongéng biasana miboga kalimah bubuka jeung panutup anu sipatna klise. Dina bahasa Inggris biasana sok dimimitian ku kalimah bubuka: once upon a time, there lived a…..(dina hiji waktu, hirup saurang……), jeung kalimah panutup……end happily ever after (…..jeung maranehna hirup bagja salalawasna) (Danandjaya, 1984:84).
Hal séjéna anu raket patalina jeung dongéng nya éta kasempetan dina ngadongéng. Dina ngadongéng mah waktuna bébas pisan teu kauger ku aturan saperti dina carita pantun. Carita pantun mah pagelaranana biasana sok dilaksanakeun sapeuting jeput, malah aya sababaraha carita anu teu bisa sagawayah waktu dipintonkeun. Ieu hal téh raket patalina jeung upacara nu sipatna sakral, saperti sukuran imah, mapag panén, jeung sajabana. Tapi dina ngadongéng mah heunteu aya aturan waktu saperti kitu. Dongéng bisa dicaritakeun iraha baé jeung dimana baé, teu kauger ku waktu jeung situasi. Yus Rusyana jeung Amy Raksanagara dina hasil panalungtikanana (1976), nétélakeun yén kasempetan ngadongéng téh bisa dilaksanakeun dina sababaraha bagian, nya éta:
a. Pada waktu berkumpul banyak orang. Misalnya, pada pertemuan, pada hari lebaran, pada waktu ada orang meninggal, pada waktu rapat désa, pada waktu kedatangan pembesar;
b. Pada waktu mengobrol antara dua orang atau lebih, tetapi tidak banyak orang. Cerita muncul dalam obrolan pagi hari atau malam hari;
c. Pada waktu sedang bekerja atau dalam perjalanan;
d. Pada waktu ada orang bertanya asal-usul benda, nama tempat, dan sejarah. (tina Rusyana 1981:49-50).
2. Warna Dongéng

Anu kacaritakeun ngalalakon dina dongéng téh aya jalma, sasatoan tutuwuhan, mahluk lemes (gaib), jeung sajabana ti éta.
Dina hiji dongéng, anu ngalakona aya jalma pada jalma, atawa campuran jalma, aya sato, jeung aya mahluk gaib. Upamana dina dongéng “Si Caang” nu aya dina Pariboga I, anu ngalalakon téh aya jalma biasa saperti Si Caang jeung indungna, aya Praméswari, raja, jste. Aya sasatoan anu mangrupa sato biasa saperti ucing jeung anjing, ogé sato kajajadén, saperti oray jeung beurit bodas. Eta tokoh-tokoh sato téh digambarkeun miboga sipat saperti manusa, bisa nyarita keung bisa mikir. Palaku séjén na anu ngalalakon nya éta bangsa siluman, ti mimiti raja, praméswari, putra raja, patih, nepi ka punggawa, anu ngageugeuh nagara Nusantara di dasar lautan.
Kajadian anu kacatur dina dongéng lamun diukur ku akal, aya nu bisa katarima ku akal jeung aya nu heunteu atawa pamohalan. Anu ngalalakona ogé sok miboga sipat anu teu lumrah, upamana bisa nerus bumi, bisa ngaleungit, sakti mandraguna, atawa miboga jimat anu kacida saktina bisa nedunan sagala kahayang jeung paménta anu nyekelna.
Nilik kana eusi carita jeung palakuna, dongéng bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Aya dongéng jalma biasa, dongéng sasatoan, dongéng sasakala jeung dongéng anu patali jeung mahluk gaib. Leuwih jentré bakal dipedar saperti ieu dihandap.
a. Dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma biasa (parabel). Dongéng anu palakuna jalma biasa dibédakeun dumasar kana luluhur (cikal bakal), pahlawan, pamingpin, manusa biasa, jalma tukang heureuy, jeung sajabana.disawang tina pakasabanana bisa dibédakeun, aya raja, putri, patih, ponggawa, kiai, tukang tani, tukang dagang, tukang nyirib, jeung sajabana (Rusyana 1982:19).

Di Jawa Barat, carita atawa dongéng-dongéng anu nyaritakeun jalma-jalma anu ngabela kapentingan masarakat méh aya diunggal wewengkon. Eta carita téh, upamana nyaritakeun kumaha nyanghareupan musuh atawa bancang pakewuh séjéna, nepi ka éta palaku dianggap pahlawan. Sajaba ti éta aya deui anu nyaritakeun tokoh pamingpin, nya éta jalma nu miboga kamampuan anu rohaka, sok sanajan teu miboga kasaktian, tapi éta tokoh téh jadi pamingpin masarakatna. Aya deui palaku carita anu mangrupa jalma biasa kalawan sagala kakurangan, jeung kaleuwihanana, sakumaha ilaharna dina kahirupan sapopoé.
Palaku séjéna anu mangrupa jalma dina kahirupan, nya éta jalma tukang heureuy saperti si Kabayan. Anu jadi jejer dina ieu carita, nya éta kalucuan paripolah palakuna. Ogé aya carita anu nyaritakeun kagagahan palakuna, jeung sajabana (bandingkeun Rusyana, 1981:20-21).
Conto dongéng anu palakuna jalma biasa dongéng “Si Caang”, “Ki Hamid”, “Jaka garumaya”, jste.
b. Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan (fabel) dongéng anu palakuna sasatoan paripolahna dicaritakeun kawas jelema upamana baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran, tapi kalakuan sato anu ilaharna tetep aya. Sasatoan anu dijadikeun palaku dina dongéng réa pisan, gumantung kana daérah atawa nagara. Di Eropa (Walanda, Jerman, jeung Inggris) nya éta sato rubah (fox) anu ngarana Reinard de Fox. Di Amerika Serikat palaku sato téh aya sababaraha rupa, keur urang Negro nya éta kelenci anu ngaranna Brer Rabbit jeung pikeun urang Indian Amerika (Amerindian) nya éta sato coyote ( sabangsa ajag), rubah, manuk gagak. Jeung lancah. Ari di Filipina nya éta monyét, sedengkeun di Indonésia kaasup di tatar sunda nya éta peucang. Sakadar conto ngeunaan dongéng sasatoan al ancarana dongéng “Peucang jeung Maung”, “Kuya jeung Monyét”, jste.
c. Dongéng au nyaritakeun asal-usul tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan (sasakala atawa legenda) dongéng anu patali jeung asal-usul ngaran tempat, barang, jeung sajabana ku James Danandjaya (1984:67-83) dibagi jadi opat golongan, nya éta:
- Legenda kaagamaan, nyaritakeun legenda jalma-jalma suci atawa jalma soléh, saperti para wali, syeh, jste.
- Legenda alam gaib, nya éta carita anu dianggap bener kajadian sarta kaalaman ku salah saurang masarakat. Tapi sabenerna mah deukeut kana hal-hal anu sipatna tahayul. Upamana jalma anu geus maot, tapi kapanggih hirup deui.
- Legenda individu, nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh anu dianggap ku masarakat atawa icu nu miboga éta carita tokoh kasebut kungsi aya di kieuna. Upamana baé, tokoh Prabu siliwangi, Eyang Surya Kancana.

d. Dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptaan sabangsa jurig jeung siluman (mite) dongéng alam goib sok aya nu dijieun minangka katerangan kana rupa-rupa kajadian, saperti kajadian naon sababna pare di sawah beak ku beurit, naon sababna aya sasalad jeung panyakit, jeung sajabana (Rusyana 1981:20). Numutkeun James Danandjaya (1984:50) carita saperti kitu kaasup kana mite, nya éta caritaan anu palakuna para dewa atawa mahluk satengah dewa. Mahluk gaib anu jadi palaku téh miboga kaparigelan nyarita siga jelema, nepi ka bisa gunem catur jeung manusa (Rusyana, 1981:22). Palaku dina carita saperti kieu biasana miboga sipat anu husus, umpamana bisa ngarubah wujud, Sakti, kalawan miboga sipat hadé jeung goréng contona dongéng kuntilanak, onom, munjung, ngipri, jeung sajabana.