Pangajaran Maca Warta

Pasar Rametuk

Ceuyah Lantaran Murah

Dur subuh sabada salat, Tarmidi geus ngagedig bari ngabengkot tas badag anu dieusi barang-barang kaperluan rumah tangga dagangkeuneun. Pamajikanana ukur jajap semet lawang panto, ari tilu budakna masih ngagaleubra. Saban poé Ahad kituna téh, da ari poé-poé biasa mah inditna sok rada nyalsé, ngider ka tempat-tempat anu sakirana loba jalma.

Henteu tutumpakan, ti imah kontrakanana di jalan Baladéwa ka parapatan Pasteur (tempat dagangna) ukur disorang ku badarat baé. Datang ka lokasi téh rebun-rebun pisan.

“upami abdi kasiangan mah nya lapur, margi tabuh dalapan gé tos coréngcang. Jabi lapak nu saéna tos kaeusian batur” ceuk Tarmidi, bari nerangkeun yén nu dimaksud lapak nu alus téh nya éta trotoar jalan nu pangkaimpunganana ku nu arulin.

Sabaraha panghasilan tina sakali dadasar poé Ahad téh?

“Alhamdulillah, ari beresihna opat puluh rébu mah kabantun ka rorompok” ceuk Tarmidi. Tangtu henteu matok sakitu, da ari poé Mingguna kabeneran bulan ngora mah sok kabagéan lima tepi ka dalapan puluh rébu mah, cenah. Ari barang anu didagangkeunana rupa-rupa, kayaning anténeu duduk, spion motor, ragaji beusi, tepi ka barang éléktronik cocooan budak.

Tarmidi henteu ngagelarkeun dagangan sakumaha ilaharna nu muka jongko di pasar. Manéhna mah geus biasa muru pasar dadakan. Pangna disebut kitu lantaran dibukana sok ngadadak, jeung lain di tempat nu dihususkeun jadi pasar. Aya nu nyebut pasar kagét atawa pasar rametuk. Éta meureun pédah ari mimiti maju ka beurang mah sok langsung terus coréngcang.

Jigana anu disebut pasar dadakan téh kaasup kana “fénoména anyar” dina kagiatan ékonomi ra’yat. Mimiti ceuyahna téh ti sanggeusna nagara urang katarajang gering parna alatan krisis monétér, dina taun 1997-1998. Di sabudeureun Bandung, tempat anu sok ngadadak ramé jadi pasar téh aya di sawatara lokasi. Mimitina anu aya di wewengkon Punclut, Ciumbuleuit, duméh sok réa nu ngadon olahraga jalan-jalan. Punclut jadi pamungpungan. Suasana kawas kitu téh, pikeun anu boga naluri bisnis mah dianggep lahan anu bisa mawa harepan. Anu matak, terus waé jul-jol rupa-rupa tukang dagang. Mimitina mah anu nyiar rejeki di dinya téh ukur penduduk anu aya di sabudeureunana wungkul. Tapi lila-lila mah, sanggeus kaérong loba anu balanja, tukang dagang ti nu rada jauh ogé sok ngahaja muka lapak, pasubuh-subuh.

Tukang cocooan budak, barang éléktronik produk Cina, VCD, jam tangan, atawa pakéan jadi (lolobana mah uurutan, buangan ti Jepang atawa Korea) umumna mah nu jualanana urang sebrang; mun lain Padang atawa Palembang, biasana Batak. Butuh naon waé ogé, ceuk kasarna mah di dinya sagala nyampak. Kitu deui bangsaning kadaharan, ti mimiti timbel tepi ka cilok. Ka tukang-tukang manuk piit atawa bondol, keur cooeun barudak saharitaeun (da tara lila umurna), moal hésé néangan.

Enya, naon atuh anu euweuh di pasar rametuk? Dalah nu dagang bungbu jeung lauk asin gé aya. Lian ti Punclut, di sabudeureun Gasibu deuih (di hareupeun Gedong Saté) anu saban Ahad isuk-isuk salin jinis jadi pasar téh. Anu ngagelar dagangan henteu ngan sawates di jero lapang, tapi tuplek ka sisi jalan. Tangtu waé macétna lalu-lintas jadi salah sahiji konsekuénsina, da jalan raya lebah dinya mah padet ku kendaraan. Terus deuih di jalan Soekarno-Hatta, lebah parapatan hareupeun kantor SAMSAT (populérna mah sok disebut Kantor Bersama), ditéma deui ku Gedébagé, dina lahan parkir angkot. Di terusan Pasteur, deukeut pintu tol, sarua deuih saban Ahad sok ramé.

Éta minangka ukur sawatara conto, kumaha ayana raména nu disebut pasar rametuk. Bédana téh ukur dina lokasi; aya nu nampeu pisan jalan raya, aya nu rada ngelok saeutik; kawas contona di kompleks Unpad.

Di jalan Cigagak, Kelurahan Cipadung, Kecamatan Cibiru. Di ieu jalan tutugan Gunung Manglayang téh unggal poé Ahad isuk-isuk salin jinis jadi pasar dadakan. Nu arulin jeung nu daragang pagegelek ngahiji ngaheurinan jalan.

“Sanés urang kompleks wungkul nu arameng ka dieu téh, tapi aya ogé nu ti Ujungberung sareng Cileunyi” ceuk Dodi (28 taun), Ketua Karang Taruna Cigagak RW 15, Kelurahan Cipadung.

Di buruan SAMSAT jalan by pass pon kitu deui. Ti wanci carancang tihang, cul-cel hiji-dua psdagang ngagelar dagangan. Bray beurang teu kanyahoan deui nu dagang téh ujug-ujug pinuh, lain di buruan SAMSAT baé, tapi ti hareupeun kampus Uninus parat nepi ka gerbang Perumahan Kiaracondong anu panjangna kurang leuwih satengah kilométer.

Yaya (25 Taun), salah saurang padagang di dinya nyebutkeun geus méh lima taun ngagelar daganganana, “ngahaja étang-étang ngabagéakeun nu lari sareng anu badé sarenam” cenah

Unggal Ahad di SAMSAT sok ramé ku nu ngadon lari jeung sarenam. Malah nu ngadon jalan-jalan hungkul gé ngaleuya.

Lian ti nu sok ngagelar saban isuk-isuk, aya deuih nu disebut ‘Pasar Jumaah’ duméh raména dina saban méméh jeung ba’da Jumaahan. Di sabudeureun masjid ieu mah raména téh. Teu ngan sawates masjid galedé wungkul (upamana Pusdai, Mujahidin, atawa Istiqomah), tapi deuih nembus masjid nua aya di jero perkantoran. Ari komoditi anu didagangkeunana mah mémang prah waé, kawas do pasar rametuk poé Ahad……..

(Kujang No. 017 Minggu I, 5 Agustus 2005)







Kandaga Kecap

  • Badarat : Lumaku teu maké tutumpakan, disorang ku leumpang
  • Carangcang Tihang : Bagian wanci, kira-kira janari badag
  • Coréngcang : arang, saeutik, nyésa, teu pasedek-sedek.
  • Dadakan : Jieunan harita
  • Dadasar : tatahar neundeun barang dagangan
  • Ilaharna : Lumrahna, umumna, biasana.
  • Kaérong : Kataksir
  • Katarajang : Kakeunaan, katerap, kaserang (biasana dina kasakit)
  • Lapak : Gelaran tempat paragi dagang
  • Lapur : Teu kapimilik atawa teu beubeunangan pisan
  • Nampeu : Deukeut tur nyanghareup
  • Ngagedig : Ngadigdig, leumpang gancang.
  • Ngabengkot : Mawa barang loba nu disatempatkeun
  • Ngagaleubra : Asal tina geubra, n hartina saré tibra
  • Ngaligeuh : Nganggur teu boga pagawéan
  • Pamumpungan : Tempat nu dituju
  • Rametuk : Ngaran insékta (sabangsa reungit) nu sok ngabubuhan







1. Latihan

Maham Eusi Bacaan

  1. Soal

  1. Naon sababna bada salat Subuh, Tarmidi geus ngagedig jeung ngabengkot mawa tas badag? Rék ka mana cenah?
  2. Saha nu ngajajapkeunana, nepi ka mana jajapna? Ari barudakna milu ngajajapkeun teu?
  3. Poé naon Tarmidi petana kitu téh? Kumaha ari dina poé-poé biasa sok sarua rurusuhan?
  4. Kumaha akibatna mun Tarmidi datang ka lokasina beurang?
  5. Ari lapak alus téh nu kumaha cenah? Barang naon waé nu didagangkeun ku Tarmidi téh?
  6. Sok beubeunangan sabaraha beresihna nu kabawa ka imah téh? Kumaha deuih mun poé Mingguna pareng jeung bulan ngora?
  7. Nanon sababna pasar rametuk téh bet digolongkeun kana fénoména anyar dina kagiatan ékonomi ra’yat?
  8. Urang mana baé nu sok matuh jeung biasa mangkal jualan di dinya téh?
  9. Naon bédana pasar rametuk jeung ‘Pasar Jumaah’?
  10. Mesjid mana waé nu sok kaimpungan tukang dagang téh?