Pangajaran Nulis Surat Basa Sunda

Fungsi Surat
            Sakumaha nu geus disabit di luhur, surat téh nya éta salasahiji sarana/alat pikeun nepikeun informasi sacara tinulis. Bisa mangrupa katerangan, laporan, paménta, atawa gagasan anu rék ditepikeun. Numutkeun fungsina, surat téh minangka alat/sarana komunikasi. Nilik kana jihat basa, surat téh mangrupa omongan winangun tulisan atawa karangan.
Surat mibanda sababaraha fungsi, di antarana baé mangrupa:

  1. Alat Komunikasi
Lian ti komunikasi atawa campur gaul sacara lisan, aya deui komunikasi anu maké tulisan. Salasahiji alat komunikasi ku basa tulisan nya éta surat. Dina nepikeun pamaksudan, sakapeung sok aya informasi anu katarima béda atawa teu luyu jeung nu dipimaksud ku nu nepikeun informasi.
  1. Alat Bukti Tinulis
Pikeun ngungkulan pasualan-pasualan anu aya patalina jeung hukum, upamana: jual-beuli, wasiat, gadé, waris, atawa dokumén. Sok disebut ogé surat perjangjian, surat jual-beuli, jeung surat gadé.
  1. Alat Bukti Historis
Salian alat pikeun bukti sajarah, surat bisa mangrupa dokumén kagiatan-kagiatan organisasi atawa lembaga nu diarsipkeun.
  1. Alat Organisasi
Surat bisa dipaké alat pikeun nyambungkeun sawatara pihak ku duta atawa utusan. Sagala hal anu aya patula-patalina jeung organisasi, surat bisa dijadikeun wawakil kuasa hiji perkara.

    Latihan
            Téangan papasingan surat dumasar kana eusi, maksud, sarta wujudna!

            Kunci Jawaban
a.      Surat Numutkeun eusina:
-          Surat Resmi (surat dines, swasta, lembaga, organisasi)
-          Surat Dagang (niaga, brosur,reflet)
-          Surat Pribadi (gumantung kontéks tur tujuan)
b.      Surat Numutkeun maksud jeung tujuan:
-          Surat Béwara                       - Surat Lamaran
-          Surat Panuhun                     - Surat Paréntah
-          Surat Panganteur     - Surat Ondangan
-          Surat Tawaran                      - Surat Tagihan
-          Surat Putusan                       - Surat Laporan
c.       Surat Numutkeun wujudna:
-          Surat Kartu Pos
-          Surat Warkat Pos
-          Surat Nota atawa Mémo
-          Surat Télégram

  1. Tugas
Prak jieun surat pribadi, ditujukeunana ka urut babaturan sakola nu aya di kota séjén. Eusina nyaritakeun kasono hayang panggih tur ngabadamikeun acara reuni sakola

Surat Pribadi

Bandung, 23 Séptémber 2007
Kahatur,
Pangersa Bapa Drs. Agung Junjunan
Di SMP Al-Muttaqin Tasikmalaya

Assalamu’alaikum Wr. Wb.
            Sinareng Hormat.
            Kapungkur bapa kantos mundut, supados abdi kedah nyeratan ka Bapa, nyarioskeun kaayaan di SMA di Bandung. Alhamdulillah abdi téh ayeuna katampi di SMA Santika Jaya Bandung. Namung hepunten anu kasuhun sareng mugi Bapa ulah janten rengat galih, wiréh abdi nembé tiasa ayeuna nyumponan pamundut Bapa. Dupi margina, abdi téh waktos ngawitan mah ngaraos tumamu pisan sakola di Bandung téh, dugi ka teu émut kana pamundut Bapa.
            Yaktos baé geuning Pa, bénten pisan kaayaan di SMP sareng SMA téh. Bbakuna pisan ku margi aya pangajaran komputer sareng basa Inggris nu karaos langkung sesah. Komo pami diajar komputer mah mani teu kalis ku sababaraha kali, da teu apal-apal baé. Ari dadakuna mah istilah-istilah komputer anu sakitu seueurna, sadayana méh ku basa Inggris. Atuh upami diajar basa Inggrisna ayeuna mah langkung sesah langkung hararésé. Ngan untung baé éta pangajaran téh tiasa kabantu-bantu da di sakola abdi mah saranana tos kaétang lengkep, aya Lab Bahasa sareng Lab Komputer.
            Mung pangajaran pangaresep abdi mah keukeuh baé basa Sunda. Pangaresep kana basa Sunda téh ayeuna mah dua ku tilu asa langkung kaayunkeun. Saperkawis, ku suasana sakola anu ngarojong pisan, pangpangna siswa-siswana diperedih sangkan aktip dina widang kasundaan. Sakola abdi ogé sering ngayakeun pintonan seni sareng aprésiasina. Sanaos abdi nembé kelas hiji gé sok pada ngabagéakeun ku lanceuk-lanceuk kelas kanggo aub kana rupa-rupa kagiatan. Malih kantos dipercanten janten narator dramatisasi puisi Masyitoh yasana pangarang moyan Ajip Rosidi. Atuh teu wudu kénging aprésiasi sareng pamuji ti para guru. Irung gé raraosan téh asa kembung. Kalih perkawis guru basa Sundana kalintang binangkit sareng pikaresepeunana. Komo upami nuju pangjaran aprésiasi sastra mah mani matak kagugu. Kalihna ti éta, luang pangalaman alhamdulillah beuki nambahan baé, utamina mah saparantos wawawuhan sareng para pangarang Sunda. Salah saurang instrukturna nya éta kang Darpan, pangarang nu tos teu bireuk deui.
            Alhamdulillah tina éta kagiatan keurseus téh karangan-karangan abdi tos ngawitan midang di Manglé, Galura, Cupumanik, sareng Kujang.
            Sakitu wé Pa, manawi perkawis sakola mah. Namung badé tumaros, dupi Nina nu pinter nembang sareng ngawih téh badé ka mana cenah neraskeunana? Ku émutan mah langkung saé ka sakola SMK (nu kapungkur Kokar téa), supados karesepna tiasa kasalurkeun. Lebar temen ku bakatna.
            Muhun kitu baé, sanés waktos diteraskeun deui. Nyanggakeun sembah baktos ka Bapa miwah Ibu sakulawargi, mugia Bapa salalamina aya dina ginanjar kawilujengan
Baktos Abdi
Mayang Sétrawulan

Kandaga Kecap
Aub                             : Milu, ilubiung.
Binangkit                    : Kréatif, rancagé, motékar.
Tumamu                      : Kawas tamu (can bisa adaptasi di tempat anyar)
Kalis                            : Cukup, punah, kagentian.
Diperedih                    : Dipénta, dipambrih.
Pintonan                      : Tongtonan, lalajoaneun.
Perkawis                      : Perkara, urusan.
Bireuk                         : Nyaho, apal.
Kagugu                       : Kataji lantaran narik ati
Rengat panggalih        : Bendu, nyeri haté, pundung.
Moyan                         : Kasohor (Harti injeuman tina asal kecap poyan).





1.      Latihan
Maham Eusi Bacaan
  1. Soal

  1. Saha nu ngirim surat téh? Ka saha ditujukeunana?
  2. Naon sababna nu ngirim surat karék bisa ayeuna nyieun suratna?
  3. Pangajaran naon anu ku manéhna dianggep hésé? Naon sababna?
  4. Saha baé nu ngabagéakeun sangkan milu aub kana rupa-rupa kagiatan?
  5. Saran naon nu ditepikeun ku Mayang ka guruna ngeunaan Nina?
Struktur Surat
TITIMANGSA,
Conto: Jakarta, 12 April 2011
TUJUL SURAT
Conto: Kahatur A Heriawan
di Kota Kembang
Salam bubuka,
Assalamu’alaikum Wr.Wb.,
salam hormat,
salam sono, jst.
BUBUKA SURAT (Pada/Paragraf),
Conto: Hey, Andi kumaha damang?...tos lami urang teu tepang...
Patali sinareng bade sumpingna sasih saum.....
Ngalangkungan ieu serat....
Ngawaler serat anu dikintun ku saderek ping....sasih...taun
jst
EUSI SURAT/paragraf EUSI,
Conto: Ku hal eta sim kuring ngulem saderek kanggo ngluuhan ieu acara....
insyaallah engke upami dinten pere sakola abdi bade wangsul....
Najan beurat wayahna hubungan urang mung dugi ka dieu...
Penutup surat/paragraf penutup,
Contoh: Ned, surat kuring sakieu we heula nya.....
Mung sakieu anu didugikeun ku abdi saparakanca....
hatur nuhun kana perhatosanana....
jst,
SALAM PANUTUP,
Conto: Wassalamu’alaikum Wr.Wb.,
salam sono salamina,
salam
cag,
h. IDENTITAS NU NGIRIM
Conto: Sobat Anjeun,
Aisyah
Hormat abdi,
..........
Asmana,
...........
Girang serat
.................
Pupuhu...
.......................



Conto surat resmi Bahasa Sunda (sOK LERESKEUN STRUKTURNA...teras robah sakumaha nu didipikahoyong ku hidep!)
==========================================================================
ORGANISASI SISWA INTRA SEKOLAH
SMK KOMPUTER ABDI BANGSA
Jl. Siliwangi No.123 Cibadak
=========================================================================
9 September 1999
Nomer : 09/OSIS/IX/1999
Lampiran : -
Perkawis : Uleman
Kahatur
Rengrengan pangurus OSIS
di Cibadak
Assalamu'alaikum warrohmatullahi wabarakatuh
Dina Raraga tatahar enggoning mieling tur ngareuah-reuah poe Kamerdekaan, sim kuring ngalulungsur Saderek kanggo ngaluuhan gempungan anu baris dilaksanakeun:
dinten : Jum'at
tabuh : 09:09 dugi ka rengse
tempat : rohangan 09
Ku kituna, pamugi saderek kersa sumping dina waktosna.
Hatru nuhun
Wassalamu'alaikum warrahmatullahi wabarakatuh.
Pupuhu
Girang serat
Teuku Ievan Dekvanz



urat Pribadi Basa Sunda (Mangga sampurnakeun strukturna, tambihan deui bubuka, eusi sareng panutup sakumaha nu diperlukeun!)
Sukabumi, 12 April 2013
Kahatur
Shinta Dewi
Di Jakarta
Sareng hormat,
Juned kumaha damang? Nuhun upami damang mah. Abdi oge dina danget ieu mah teu kirang sawios-wios.
Nu mawi abdi nyerat teh bade ngawartosan, rehna minggu payun abdi sakulawargi bade ka Jampang. Upami teu aya pambengan, abdi bade ka bumi Juned. Abdi teh hayang dianteur pakanci ka Ujung Genteng.
Sakieu bae serat ti abdi. Mugi-mugi urang tiasa tepang minggu payun. Hatur nuhun.
Hormat abdi,
Primus