BIANTARA=PIDATO
Biantara nya éta nyarita hareupeun
jalma loba pikeun maksud jeung tujuan nu tangtu. Nyarita dina biantara henteu
bisa sagawayah,tapi kudu bisa nepi kana tujuan éta biantara. Pikeun nepi kana
tujuan,diperlukeun cara-cara atawa-teknik nyarita nu hadé ka balaréa. Dian ieu
hal urang wanoh ka nu disebut rétorika. Rétorika nya éta seni ngolah caritaan
sangkan batur kataji atawa kapangaruhan ku caritaan urang.
TUJUAN BIANTARA
RUPA-RUPA DIANTARANA:
1.
Mangaruhan batur
sangkan nurut kana kahayang nu pidato
2.
Méré informasi
atawa warta
3.
Ngahibur
RUPA-RUPA
BIANTARA DUMASAR KANA SIPATNA:
-
Pidato pembukaan,(Bubuka) sipatna muka hiji acara
ku panata acara (MC)
-
Pidato pengarahan, (Pituduh hiji
hal/kagiatan)sipatna ngarahkeun atawa méré pituduh pikeun lumangsungna hiji
acara
-
Pidato sambutan, (Pangbagéa) sipatna ringkes
pikeun nyambut biasana ku panata calagara,pamingpin, gegedén, inohong
-
Pidato peresmian, (ngaresmikeun) sipatna
ngaresmikeun hiji acara ku jalma nu boga pangaruh atawa pamingpin, gegedén, inohong
-
Pidato pengtanggungjawaban, sipatna laporan kana
hiji pancén/tugas
JENIS PIDATO
DUMASAR KANA TATAHAR (PERSIAPAN) NU DILAKUKEUN SAMÉMÉHNA/METODE PIDATO:
1.
Improptu: dilakukeun ngadadak, tampa tatahar/persiapan
2.
Manuskrip: ngagunakeun
naskah
3.
Memoriter: ngagunakeun
naskah terus diapalkeun tug nepi ka katalar.
4.
Ekstemporan: ngagunakeun poko-poko bahasan (garis besar) eusi
pidato
Dina biantara saméméhna tangtu kudu aya tatahar
heula.Tatahar/persiapan biantara nya éta:
1.
Mikanyaho tingkat pangaweruh nu ngaregepkeun, sangkan kaharti tur diperhatikeun ku nu ngaregepkeun
2.
Mikanyaho waktu nu disadiakeun, sangkan bisa ngagunakeun waktu anu sacukupna ‘éféktif’
3.
Nyiapkeun kekecapan nu bisa kaharti jeung mincut/mikat, bisa
ngagunakeun mamanis basa(babasan paribasa, sisindiran, purwakanti(persamaan
bunyi), kalimah-kalimah Al-qur’an, hadis jsb,.)
4.
Mikanyaho téma
acara jeung jenis pidato, eusi pidato nu ditepikeun kudu nyambung jeung téma
acarana, jeung téhnik nu dipakéna sabisa-bisa sakumaha nu dipiharep ku panitia,
pangajén, pamiarsa (teu ngérakeun)
RANGKAY/SKÉMA
PIDATO:
-
Bubuka: salam pembuka, muji syukur, ngagero
(menyapa) nu nongton
“Assalamu’alaikum wr, wb. “
“Sampurasun, wilujeng....” (enjing, siang, sonten, wengi)
“Puji sukur hayu urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci”
“Puja minangka bubuka carita hayu urang sanggakeun ka Allo Nu Maha Kawasa”
“Sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gopur,” jsb.
“Anu dipihormat pangersa bapa.../Ibu... kalih réngréngan”
“Kersana Bapa...Ibu...hormateun simkuring”
“Kersana Bapa...Ibu...hormateun simkuring”
“Teu hilap kanggo réréncang, adi/lanceuk, tamu uleman,” jsb.
-
Eusi; medar jeung mekarkeun permasalahan atawa
téma
-
Panutup: kacindekan,harepan, amanat, salam penutup.
“sakitu anu kapihatur,
bilih aya basa anu kirang merenah, pondok nyogok panjang nyugak, langkung saur bahé
carék, bobo sapanon carang sapakan, tutus langkung képang halang, kirang
dingding kelir, mugia ageung cukup lumur, jembar hampura nu diteda, saninten
buah saninten.....jsb.”
NGOMÉNTARAN NU
BIANTARA
Biantara nu dianggap hadé téh diantarana, sorana
kudu kadéngé ku anu ngaregepkeun. Hartina kudu bedas, jeung nuyun/ngagiring
daék ngaregepkeun. Lentong (luhur handap-panjang pendékna sora) kudu merenah/pas, Sikep
awak nandakeun sopan jeung luwes(lentur teu kaku), Pasemon/mimik éksprési
beungeut anu némbongkeun kadariaan/serius hayang nepikeun maksud, Dangdanan
papakéan anu digunakeun kudu sopan malah bisa némbongkeun téma
biantara/acara
HAL NU
DIPERHATIKEUN, DIAJEN/DITILEY DINA BIANTARA:
Basa (tatakrama basa, basa
ilmiah),
Lentong(wirahma nyarita, struktur
kalimah(tata kalimah, rasional, ngaguluyur/tersusun),
Kamampuh
Ngawasa Eusi
(wawasan ngeunaan materi/téma, tutas/tuntas, lengkep, kaharti,
gembleng/lengkap, jsb),
sikep awak
jeung réngkak/getur (luwes teu kaku, teu kaleuleuwihi)
dangdanan(rapih, sopan, luyu jeung
téma)
Sasaran
|
Aspék
|
Kritéria
|
Basa
|
a.
Lapal
|
Écés
|
b.
Intonasi (lentong)
(tekenan, jéda, wirahma)
|
Ngoncrang
|
|
c.
Adegan basa
|
Baku
|
|
d.
Pilihan kecap
|
Keuna
|
|
Eusi
|
a. Patalina eusi jeung jejer/judul/téma
|
Luyu
|
b.
Ngamekarkeun eusi
|
Lengkap
|
|
c.
Pamahaman kana eusi
|
Paham
|
|
Tékhik/gaya
|
a. Cara
nyarita
|
Hadé
|
b.
Pepeta
|
Merenah
|
|
c.
Tangtungan
|
Sopan
|
Pancén = dangukeun hiji biantara(khutbah, ceramah,
atawa pidato resmi acara) nu maké basa Sunda (ditulis)
Ngawanohkeun Diri
Biantara
Bapa/Ibu Guru basa Sunda hormateun sim
kuring
Sobat-sobat kelas X, nu satujuan dina ngemumulé
budaya Sunda
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Dina dinten
munggaran nampi pangajaran basa Sunda, sim kuring minangka pupuhu
kelas XA badé ngawanohkeun ka réréncangan sadaya. Wasta mah pun Gumiwang
Raspati, boh pun biang boh pun bapa, kitu deui lanceuk-lanceuk jeung dulur sim
kuring maparinan pangnénéh ka sim kuring téh Awang.
Atuh ka sobat-sobat mun badé nyalukan sim kuring nya cekap nyebat Awang baé. Sim kuring téh anak bungsu tina tilu sadulur. Pun lanceuk duanana istri. Nu cikal jenenganana téh Mayang Sétrawulan, ayeuna téh nuju tolab di Amerika dina raraga ngaréngsékeun Master Linguistik-na. atuh nu pangais bungsu jenenganana téh Mantik Sekartanjung, ayeuna nuju kuliah di Fakultas Kedokteran UNPAD. Kawit sakola sim kuring di SMP Sunda Jaya. Pangaresep sim kuring mah kana olahraga sareng maca.
Atuh ka sobat-sobat mun badé nyalukan sim kuring nya cekap nyebat Awang baé. Sim kuring téh anak bungsu tina tilu sadulur. Pun lanceuk duanana istri. Nu cikal jenenganana téh Mayang Sétrawulan, ayeuna téh nuju tolab di Amerika dina raraga ngaréngsékeun Master Linguistik-na. atuh nu pangais bungsu jenenganana téh Mantik Sekartanjung, ayeuna nuju kuliah di Fakultas Kedokteran UNPAD. Kawit sakola sim kuring di SMP Sunda Jaya. Pangaresep sim kuring mah kana olahraga sareng maca.
Ku émutan cekap sakitu
baé heula minangka wawanohan ti sim kuring mah. Salajengna, hususna ka
sobat-sobat, ngahaturkeun nuhun anu parantos mercanten ka sim kuring janten
pupuhu ieu kelas. Insya Allah sareng dungakeun sim kuring tiasa
ngalaksanakeun éta amanat luyu sareng cita-cita urang sadayana. Sawangsulna ka
sobat-sobat ulah asa-asa ngagetrik atawa ‘noél’ saupama sim kuring salah
tincak. Mungguhing sipat jalma teu aya nu sampurna sok aya baé
kasalahan. Kitu manawi nu jadi cita-cita sim kuring malahmandar sagala
rupi program téh kénging pangrojong anu saé ti sadayana, amin.
Sobat-sobat, sim
kuring umajak ka sadayana, hayu ti wangkid ayeuna urang sasarengan
nawaétuan sarta singkil miara basa sareng budaya Sunda. Sobat-sobat nu sakolana
di SMP nu aya di sabudeureun Jawa Barat mah tangtos kantos diajar basa Sunda.
Tah, ayeuna mah urang ulah lingsem upami nyarios ku Basa Sunda, bari ulah
lali kana tatakramana deuih. Ka réréncangan nu kawitna ti luareun Sunda, anu
tangtos teu ngartos kana basa sareng budaya Sunda, wayahna baé ulah asa-asa
naroskeun ka Ibu atanapi Bapa guru, malih upami isin mah tiasa naros ka
sobat-sobat. Leuh, kacipta reueusna meureun sepuh-sepuh urang ningali
para rumaja mahér ngagunakeun basa Sunda.
Salajengna, dina ieu
kasempetan sim kuring baris ngawanohkeun dua urang staf. Nu munggaran sekertaris
kelas, wasta…… anjeuna téh kawit ti SMP ……... nu salajengna bendahara kelas,
wasta …….. mirip sareng pamaén Persib. Anjeuna kawit ti SMP………
Salajengna……….
Kandaga Kecap
Bungsu
: Anak nu paling ngora
(pangpandeurina)
Cikal : Anak nu pangheulana
lahir
Tolab (Bs. Arab) : Diajar atawa néangan/nyuprih élmu
(pangarti)
Lingsem : éra, isin.
Malahmandar : Susuganan, sugan baé
Munggaran : Nu pangheulana, mimiti
Pancakaki : Sarsilah
Pangnénéh : Nénéhna, ngaran kaasih, sesebutan
kedeudeuh
Wangkid : Mimiti
Wasta : Ngaran, jenengan,
asma
Pupuhu : Pamingpin, lulugu,
kokolot.
2.
Latihan
Maham Eusi Bacaan
- Soal
- Saha ngaran nu biantara téh? Anak ka sabaraha?
- Naon sababna lanceukna bet aya di Amerika?
- Harepan naon anu ditepikeun salaku KM ka sobat-sobatna téh?
- Kudu kumaha alusna keur para siswa nu ti luareun Sunda sangkan bisa basa Sunda?
- Lian ti KM, staf pangurus kelas téh di antarana aya naon baé?
Mikawanoh
Undak-Usuk Basa
Undak-usuk
basa nya éta panta-panta (tahap-tahap) atawa tingkatan basa. Undak-usuk basa
dina enas-enasna mangrupa gambaran tina tatakrama jeung kasopanan. Numutkeun
katerangan para ahli basa, baheula-baheula mah di urang euweuh nu disebut
undak-usuk basa. Ngan dina abad ka 17 sabada aya pangaruh ti Mataram,
undak-usuk basa téh kacida digegedékeunana, utamana ku para ménak.
Kaayeunakeun,
undak-usuk basa dipaké pungsi pikeun silih ajénan.
Papasingan
Undak-Usuk Basa
Numutkeun
katerangan para ahli basa, undak-usuk téh dibagi jadi sababaraha tingkatan
atawa tahapan.
- Soeria Di Raja (1929) ngabagi jadi
lima tahap:
-
Basa Lemes Pisan
-
Basa Lemes
-
Basa Sedeng
-
Basa Kasar
-
Basa Kasar Pisan
- RI. Adiwidjaja (1951) ngabagi jadi
genep tahap:
-
Basa Luhur
-
Basa Lemes
-
Basa Sedeng
-
Basa Panengah
-
Basa Kasar
-
Basa Kasar Pisan
- I. Buldan
Djajawiguna (1978) ngabagi jadi lima tahap:
-
Basa Lemes
-
Basa Sedeng
-
Basa Panengah
-
Basa Loma (wajar)
-
Basa Cohag (kasar)
- Drs. Taufik
Faturohman (1982) ngabagi jadi tilu tahap:
-
Basa Lemes (lemes pisan jeung lemes biasa)
-
Basa Sedeng (keur sorangan jeung panengah)
-
Basa Kasar (keur sahandapeun jeung kasar pisan)
- Drs. Budi Rahayu T. (1988) ngabagi
jadi genep tahap:
-
Basa Kasar
-
Basa Sedeng
-
Basa Lemes
-
Basa Lemes Pisan
-
Basa Panengah
-
Basa Kasar Pisan
Ku nengetan
basa nu dipaké kiwari, undak-usuk basa bisa digolongkeun jadi tilu tahap:
- Basa Kasar (biasana pikeun ka sato, keur nyarékan,
ambek). Contona:
Mantog ka ditu, ka gogobrog
sia! Aing sanggeuk neuleu bebengok sia….
Cokor jeblog ogé........
Babatok aing.......
- Basa Loma (pikeun nyarita jeung sasama nu geus loma
atawa dalit). Contona:
Yu ah indit! Manéh rék balik moal?
- Basa Lemes (basa hormat)
- Pikeun nu ngahormat. Contona: Neda, wangsul, mios, dongkap, mondok.
- Pikeun nu dihormat. Contona: Tuang, sumping, ningali, kulem.
Latihan
Lengkepan ragam basa di handap!
Kasar Loma Lemes
Ajang,
keur …….. haturan
…… pun
aki tuang
éyang
Alo ……… kapiputra
Anggel ……... kajang
mastaka
……... raksukan kaway
Balik wangsul ……….
Bapa pun bapa ……….
Baraya ……... réréhan
Bawa ……... candak
……... popoyan wawartos
……… padaharan patuangan
Beuli pésér ………..
Kunci Jawaban
- kanggo/e - wargi
- aki -
bantun
- pun alo - bébéja
- bantal - beuteung
- baju - galeuh
- tuang rama - mulih
- Tugas
Démonstrasi/simulasikeun bangbarung basa lemes (Lisan, Pasemon, Rengkuh, jeung Lentong) dina wangun paguneman wawanohan jeung batur sabangku!
- Penilaian
Jenis
Penilaian:
- Lembar
Tugas
- Praktek jeung simulasi
- Résponsi
(kaaktifan)
- TUGAS MANDIRI TIDAK
TERSTRUKTUR
- Informasi Penting
GELARNA BASA LEMES
Ku dirobah engang tungtungna (nten, ntun, wis, os, jeng), contona:
1. nten :
kira-kira jadi kinten-kinten
soré jadi sonten
2. ntun :
kirim jadi kintun
bawa jadi bantun
wani jadi wantun
3. wis :
perkara jadi perkawis, antara jadi antawis
sawatara jadi sawatawis, arang
jadi awis
ditanda
jadi ditawis, katara
jadi katawis
4. os :
nyarita jadi nyarios, maca jadi maos
supaya jadi supados , nanya
jadi naros
5. jeng :
maju jadi majeng, payu jadi pajeng
Ku dirobah sorana
1. u jadi i : murah – mirah kuat – kiat
kurang – kirang
2. u jadi a : sebut – sebat rempug – rempag
mungguh – menggah terus – teras
3. a jadi i : rupa – rupi upama - upami
utama – utami
4. i-u jadi
é-a : itung – étang
- Latihan
Nganalisis Kecap
Basa Lemes Robah Tungtung
Kumpulkeun
(invéntarisir) kecap-kecap nu dirobah engang tungtungna (nten, ntun, wis, os, jeng) jeung nu dirobah sorana masing-masing minimal lima
kecap!
3.
Tugas/langkah Kerja
Kaparigelan Nyarita (communication skill)
Praktékkeun
dina paguneman sapopoé kecap-kecap di luhur, bari merhatikeun panta-panta
tingkatanana!