Mikawanoh Rupaning Kalawarta
Kalawarta mangrupa media informasi nu
miboga rupa-rupa fungsi, gumantung kana jenis (konsép) kalawarta éta sorangan. Aya nu murni warta faktual (fact) kayaning pulitik,
peristiwa, insidén, tragédi, jsb, aya nu wangun atikan (education)
saperti dunya atikan, keterampilan, pangaweruh global, bisnis, jsb, aya nu
wangunna hiburan (entertainment) nya
éta bobodoran (jokes), gosip, kalangenan
(hobby), jrrd.
Kalawarta
(dumasar kana fungsina) bisa
dijadikeun media diajar atawa nambah pangaweruh pikeun urang saréréa.
Ngaliwatan téhnik observasi atawa éksplorasi, lajuning analisis bahan, ngaré-produksi, tuluy miharti
tina perspéktif nu béda (distingsi), kaparigelan nyarita (kognitif-psikomotorik) urang bisa
ngaronjat.
- Latihan
Jieun raguman hiji wacana tina kalawarta
faktual, surahan ku hidep séwang-séwangan tina jihat nu béda! (Peran-fungsi
guru salaku fasilitator-tutor)
- Tugas
Pasar Rametuk
Ceuyah
Lantaran Murah
Dur subuh sabada salat, Tarmidi geus ngagedig bari ngabengkot tas badag anu dieusi barang-barang kaperluan rumah
tangga dagangkeuneun. Pamajikanana ukur jajap semet lawang panto, ari tilu
budakna masih ngagaleubra. Saban poé
Ahad kituna téh, da ari poé-poé
biasa mah inditna sok rada nyalsé, ngider ka
tempat-tempat anu sakirana loba jalma.
Henteu
tutumpakan, ti imah kontrakanana di jalan Baladéwa ka parapatan Pasteur (tempat
dagangna) ukur disorang ku badarat
baé. Datang ka lokasi téh rebun-rebun pisan.
“upami abdi kasiangan mah nya lapur, margi tabuh dalapan gé tos coréngcang. Jabi lapak nu saéna tos kaeusian batur” ceuk Tarmidi, bari nerangkeun
yén nu dimaksud lapak nu alus téh nya éta trotoar jalan nu pangkaimpunganana ku
nu arulin.
Sabaraha panghasilan tina sakali dadasar poé Ahad téh?
“Alhamdulillah, ari beresihna opat
puluh rébu mah kabantun ka rorompok” ceuk Tarmidi. Tangtu henteu matok sakitu,
da ari poé Mingguna kabeneran bulan ngora mah sok kabagéan lima tepi ka dalapan
puluh rébu mah, cenah. Ari barang anu didagangkeunana rupa-rupa, kayaning
anténeu duduk, spion motor, ragaji beusi, tepi ka barang éléktronik cocooan
budak.
Tarmidi henteu ngagelarkeun dagangan
sakumaha ilaharna nu muka jongko di pasar. Manéhna mah geus biasa muru pasar
dadakan. Pangna disebut kitu lantaran dibukana sok ngadadak, jeung lain di
tempat nu dihususkeun jadi pasar. Aya nu nyebut pasar kagét atawa pasar rametuk.
Éta meureun pédah ari mimiti maju ka beurang mah sok langsung terus coréngcang.
Jigana anu disebut pasar dadakan téh
kaasup kana “fénoména anyar” dina kagiatan ékonomi ra’yat. Mimiti ceuyahna téh
ti sanggeusna nagara urang katarajang
gering parna alatan krisis monétér, dina taun 1997-1998. Di sabudeureun
Bandung, tempat anu sok ngadadak ramé jadi pasar téh aya di sawatara lokasi.
Mimitina anu aya di wewengkon Punclut, Ciumbuleuit, duméh sok réa nu ngadon
olahraga jalan-jalan. Punclut jadi pamungpungan.
Suasana kawas kitu téh, pikeun anu boga naluri bisnis mah dianggep lahan anu
bisa mawa harepan. Anu matak, terus waé jul-jol rupa-rupa tukang dagang.
Mimitina mah anu nyiar rejeki di dinya téh ukur penduduk anu aya di
sabudeureunana wungkul. Tapi lila-lila mah, sanggeus kaérong loba anu balanja, tukang dagang ti nu rada jauh ogé sok
ngahaja muka lapak, pasubuh-subuh.
Tukang cocooan budak, barang
éléktronik produk Cina, VCD, jam tangan, atawa pakéan jadi (lolobana mah
uurutan, buangan ti Jepang atawa Korea) umumna mah nu jualanana urang sebrang;
mun lain Padang atawa Palembang, biasana Batak. Butuh naon waé ogé, ceuk
kasarna mah di dinya sagala nyampak. Kitu deui bangsaning kadaharan, ti mimiti
timbel tepi ka cilok. Ka tukang-tukang manuk piit atawa bondol, keur cooeun
barudak saharitaeun (da tara lila umurna), moal hésé néangan.
Enya, naon atuh anu euweuh di pasar rametuk? Dalah nu dagang bungbu jeung
lauk asin gé aya. Lian ti Punclut, di sabudeureun Gasibu deuih (di hareupeun
Gedong Saté) anu saban Ahad isuk-isuk salin jinis jadi pasar téh. Anu ngagelar
dagangan henteu ngan sawates di jero lapang, tapi tuplek ka sisi jalan. Tangtu
waé macétna lalu-lintas jadi salah sahiji konsekuénsina, da jalan raya lebah
dinya mah padet ku kendaraan. Terus deuih di jalan Soekarno-Hatta, lebah
parapatan hareupeun kantor SAMSAT (populérna mah sok disebut Kantor Bersama),
ditéma deui ku Gedébagé, dina lahan parkir angkot. Di terusan Pasteur, deukeut
pintu tol, sarua deuih saban Ahad sok ramé.
Éta minangka ukur sawatara conto,
kumaha ayana raména nu disebut pasar rametuk. Bédana téh ukur dina lokasi; aya
nu nampeu pisan jalan raya, aya nu
rada ngelok saeutik; kawas contona di kompleks Unpad.
Di jalan Cigagak, Kelurahan
Cipadung, Kecamatan Cibiru. Di ieu jalan tutugan Gunung Manglayang téh unggal
poé Ahad isuk-isuk salin jinis jadi pasar dadakan. Nu arulin jeung nu daragang pagegelek ngahiji ngaheurinan jalan.
“Sanés urang kompleks wungkul nu
arameng ka dieu téh, tapi aya ogé nu ti Ujungberung sareng Cileunyi” ceuk Dodi
(28 taun), Ketua Karang Taruna Cigagak RW 15, Kelurahan Cipadung.
Di buruan SAMSAT jalan by pass pon kitu deui. Ti wanci carancang tihang, cul-cel hiji-dua
psdagang ngagelar dagangan. Bray beurang
teu kanyahoan deui nu dagang téh ujug-ujug pinuh, lain di buruan SAMSAT baé,
tapi ti hareupeun kampus Uninus parat nepi ka gerbang Perumahan Kiaracondong
anu panjangna kurang leuwih satengah kilométer.
Yaya (25 Taun), salah saurang
padagang di dinya nyebutkeun geus méh lima taun ngagelar daganganana, “ngahaja
étang-étang ngabagéakeun nu lari sareng anu badé sarenam” cenah
Unggal Ahad di SAMSAT sok ramé ku nu
ngadon lari jeung sarenam. Malah nu ngadon jalan-jalan hungkul gé ngaleuya.
Lian ti nu sok ngagelar saban
isuk-isuk, aya deuih nu disebut ‘Pasar Jumaah’ duméh raména dina saban méméh
jeung ba’da Jumaahan. Di sabudeureun masjid ieu mah raména téh. Teu ngan
sawates masjid galedé wungkul (upamana Pusdai, Mujahidin, atawa Istiqomah),
tapi deuih nembus masjid nua aya di jero perkantoran. Ari komoditi anu
didagangkeunana mah mémang prah waé, kawas do pasar rametuk poé Ahad……..
(Kujang
No. 017 Minggu I, 5 Agustus 2005)
Kandaga Kecap
- Badarat :
Lumaku teu maké tutumpakan, disorang ku leumpang
- Carangcang Tihang : Bagian wanci, kira-kira janari badag
- Coréngcang :
arang, saeutik, nyésa, teu pasedek-sedek.
- Dadakan :
Jieunan harita
- Dadasar :
tatahar neundeun barang dagangan
- Ilaharna :
Lumrahna, umumna, biasana.
- Kaérong :
Kataksir
- Katarajang : Kakeunaan, katerap, kaserang (biasana dina
kasakit)
- Lapak : Gelaran tempat paragi dagang
- Lapur : Teu kapimilik atawa teu beubeunangan
pisan
- Nampeu :
Deukeut tur nyanghareup
- Ngagedig :
Ngadigdig, leumpang gancang.
- Ngabengkot :
Mawa barang loba nu disatempatkeun
- Ngagaleubra : Asal tina geubra,
n hartina saré tibra
- Ngaligeuh :
Nganggur teu boga pagawéan
- Pamumpungan : Tempat nu dituju
- Rametuk : Ngaran insékta (sabangsa reungit) nu sok ngabubuhan
1.
Latihan
Maham Eusi
Bacaan
- Soal
- Naon sababna bada salat Subuh, Tarmidi geus ngagedig
jeung ngabengkot mawa tas badag? Rék ka mana cenah?
- Saha nu ngajajapkeunana, nepi ka mana jajapna? Ari
barudakna milu ngajajapkeun teu?
- Poé naon Tarmidi petana kitu téh? Kumaha ari dina
poé-poé biasa sok sarua rurusuhan?
- Kumaha akibatna mun Tarmidi datang ka lokasina beurang?
- Ari lapak alus téh nu kumaha cenah? Barang naon waé nu
didagangkeun ku Tarmidi téh?
- Sok beubeunangan sabaraha beresihna nu kabawa ka imah
téh? Kumaha deuih mun poé Mingguna pareng jeung bulan ngora?
- Nanon sababna pasar
rametuk téh bet digolongkeun kana fénoména
anyar dina kagiatan ékonomi ra’yat?
- Urang mana baé nu sok matuh jeung biasa mangkal jualan
di dinya téh?
- Naon bédana pasar rametuk jeung ‘Pasar Jumaah’?
- Mesjid mana waé nu sok kaimpungan tukang dagang téh?