Harti Biografi
Biografi nyaéta pedaran nu ngalalakonkeun kahirupan saurang tokoh. Nu nulisna pihak séjén. Lian ti éta
aya deui istilah otobiografi, nyaéta lalakon hirup nu ditepikeun ku soranganana.Biografi nyaéta pedaran nu ngalalakonkeun kahirupan saurang tokoh. Nu nulisna pihak séjén. Lian ti éta
Unsur-unsur Biografi
1. Dedeg pangadeg
2. Pasualan ngaran
3. Kahirupan keur leutik
4. Kasang tukang kaluarga
5. Riwayat pendidikan
6. Karir
7. Kaparigelan
8. Karya-karyana
1. Dedeg pangadeg
2. Pasualan ngaran
3. Kahirupan keur leutik
4. Kasang tukang kaluarga
5. Riwayat pendidikan
6. Karir
7. Kaparigelan
8. Karya-karyana
Lian ti éta, biografi bisa ditepikeun ku mangrupa formulir. Eusina diwincik hiji-hiji, sacara langsung disebutkeun datana. Pedaran data pribadi samodél kieu ilaharna disebut biodata. Dijieunana pikeun kaerluan nu sipatna praktis, saperti ngalamar pagawéan, pangajuan KTP, muka rékening di bank, pendaftaran siswa baru, nohonan sarat-sarat dina pasanggiri, jeung sajabina.
Biodata ngawengku katerangan saperti:
1) Nagaran lengkep,
2) Jenis kelamin
3) Status marital,
4) Agama,
5) Ngaran kolot,
6) Alamat,
7) Nomer telepon/email,
8) Riwayat pendidikan,
9) Pengalaman berorganisasi,
10) Pengalaman kerja,
11) Pengalaman widang penelitian,
12) Karya-karya
13) Penghargaan-penghargaan.
1) Nagaran lengkep,
2) Jenis kelamin
3) Status marital,
4) Agama,
5) Ngaran kolot,
6) Alamat,
7) Nomer telepon/email,
8) Riwayat pendidikan,
9) Pengalaman berorganisasi,
10) Pengalaman kerja,
11) Pengalaman widang penelitian,
12) Karya-karya
13) Penghargaan-penghargaan.
Henteu sakabéh keterangan di luhur kudu aya dina hiji biodata. Katerangan-katerangan éta diluyukeun jeung kaperluanana. Katerangan pikeun nohonan sarat-sarat pasanggiri, béda jeung katerangan pikeun ngalamar pagawéan atawa pangajuan KTP.
Conto Biografi
DARSO
DARSO
Darso gumelar di Bandung, Jawa Barat dina ping 12 Agustus 1945 ngabogaan ngaran pepek Hendarso.[1] Salila leuwih ti 45 taun, Hendarso satia midangkeun calung, parabot musik tina awi, anu saterusna dihijikeun jeung dangdut sarta pop.[1] Sawaréh urang nyebutkeun manéhna minangka Michael Darso Si Raja Pop Sunda, milah rupa ti raja pop dunya nyaeta Michael Jackson.[1]. Sarakanana di lembur Cirateun, Lembang, Kabupaten Bandung Barat. Kurang leuwih 300 judul dina salila hirupna, Darso geus nyieun lagu boh midangkeun calung atawa pop sunda [1] Album éta aya anu direkam di studio, aya ogé anu direkam basa keur manéhna nyanyi di panggung.[1]
Darso ngamimitian karirna salaku pamaén bas dina grup musik Nada Karya sarta Nada Kencana.[2]. Kantos milu jeung Band anu dipiboga ku Puseur Persenjataan Kavaleri Bandung.[2] Manéhna ngandeg lantaran kakeunaan perkara G 30 S/PKI.[2] Dina taun 1968 anjeunna mitembeyan deui karirna bareng lanceukna Uko Hendarso midangkeun musik kalayan instrumen utama nyaéta "calung" salah sahiji lagu anu kawentar nyaeta "Kiamat'.[2] Luhur arahan S.Hidayat Darso diajak pikeun témbong di RRI babarengan jeung grup Baskara Saba Désa.[2]. Teu sawatara lila Asmara Record ngarékam pidangan Darso dina pita kaset.[2]. Sawatara lagu anu kaceluk nyaéta "Kembang Ujung", "Cangkurileung", sarta "Panineungan".[2] Dina taun 90-an ngaran Darso beuki kawentar saenggeus TVRI mindeng mintonkeunana.[2] Darso ogé ngamimitian make parabot musik séjéna kawas tarompet sarta organ rupa musik anu pernah dipidangkeun sajaba pop sunda ogé dangdut.[2]. Hariringna anu kaceluk dina mangsa harita nepi ka kiwari nyaéta "Randa Geulis", "Maribaya", "Dina Amparan Sajadah", "Kabogoh Jauh".[2] Dina taun 2005 manéhna meunang pangajén ti Gubernur Jabar Danny Setiawan mangrupaKasinugrahan Musik Jabar 2005 sarta dina taun 2009 manéhna meunang ogé pangajén ti Walikota Bandung Dada rosada mangrupa Kasinugrahan Budaya Dayeuh Bandung 2009.[2] Nurutkeun beja, Darso maot dinten Senén, kaping 12 Séptember 2011, dina wanci 15.00 WIB, di Rumah Sakit Soreang, Kabupatén Bandung.[1]. Mun diwincik tina mintonkeun seni sunda, bisa kasebutkeun Darso teh salah sahiji inohong (legenda) musik pop sunda.[1] Loba hasil ciptana, disaluyukeun pikeun ngahirupkeun musik Sunda.[1]Pangabisana pikeun ngahijikeun musik sunda pituin (Sunda) jeung Musik Pop, manehna mangrupa salah sahiji seniman sarta musisi anu sapatutna diajenan, sabab loba jelema anu mere pangajen minangka ‘Legenda Pop Sunda’.[1] Nepi ka ayeuna tacan aya beja anu pasti ngeunaan cukang lantaran maotna The Fenomenon éta.[1] Tapi naon waé anu lumangsung, susuganan anjeuna dibéré tempat anu pangalusna ku Alloh SWT, sarta karya anjeunna bisa langgeng sarta satia di haté urang Sunda.[1]
http://su.wikipedia.org/wiki/Ayip_Rosidi
http://su.wikipedia.org/wiki/Duduh_Durahman
http://su.wikipedia.org/wiki/Iskandarwassid
http://su.wikipedia.org/wiki/Karna_Yudibrata
http://su.wikipedia.org/wiki/Umar_bin_al-Khattab
http://su.wikipedia.org/wiki/Imam_Syafi%27i