Gaya
Basa dina Basa Sunda
Gaya basa nya éta
rakitan basa (kalimah) nu dipaké sangkan nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb
karasana ka nu maca atawa nu ngadangukeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang
jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nya éta lamun
dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa,
écés témbrés beunang rasa basana. (Wikipédia)
Gaya basa nya
éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku
pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya
basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya
basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.
Papasingan Gaya Basa di antarana:
1. NGUPAMAKEUN (ngabandingkeun). Nilik wandana, aya dua rupa:
1. Babandingan
Kabaheulaan (kaasup kana basa pakeman)
Sawaréh make kecap babandingan (lir, cara, tanding, kawas,
j/siga, asa), sawaréh deui teu make kecap babandingan
Conto-conto nu make kecap babandingan:
– Angkat
cara macan teu nangan
– Jiga
bueuk meunang mabuk
– Kawas
kapuk kaibunan
– Siga
careuh bulan
– Asa dina
pangimpian
Nu geus teu make kecap babandingan
– Pipina
kadu sapasi
– Ambekna
sakulit bawang
–
Nyaliksik ka bubuk leutik
2. Babandingan
Jaman Ayeuna
–
Gancangna kawas pesawat jét
– Kawas
Roméo jeung Juliét
Sawaréhna deui tina basa serepan:
–
Babadamian téh manggih jalan buntu
– Waktu
téh sarua jeung duit
– Angin
subuh ngeharéwos
1. MIJALMA (personifikasi) = Barang nu teu nyawaan atawa ogé sasatoan,
diupamakeun boga polah kawas manusa (jalma). Contona:
– Gunung
siga milu nguyung, lebak siga milu susah
– Sang
Surya lumungsur ti marcapada
– Bulan
ngintip tina sela-sela méga
– Sora
tarawangsa ngabangingik katebak angin
1. LALANDIHAN (métafora) = Nganganti sesebutan. Ieu aya dua rupa:
A. Pideudeuh (ngalandi nyebut pédah mikalucu). Contona:
–
Srikandi (awéwé nu
wanian)
–
Arjuna
(lalaki nu kasép)
– Si Gégép
(kiper nu hésé kaasupan gulna)
B. Ocon (ngalandi pikeun ngaheureuyan). Contona:
– Ujang
Gembru (budak
nu gendut)
– Wayang Pangsisina (gédé, tapi taya
gawé)
– Bujangga Mikung (nu kakara
diajar ngarang)
4. SINDIR (
alégori) = Omongan anu teu togmol, dibalibirkeun (teu poksang).
Contona: “Langkung saé nu ieu kanggo Euceu mah, nu kayas
pikawayeun téh”
(maksudna mah: “Entong éta, pikeun potongan gateuw kitu mah”)
“ahhh da abdi mah cacah, sanés pangangung sapertos pangjenengan,
atos wé damai”
(maksudna mah: teu wani maju ka hukum, da hukum mah sok
rajeun lolong ku pangkat-darajat)
5. MOYOK (spot)
= Nyawad, nyempad, nyepét, atawa ngawada, tapi teu ku kasar.
Aya tilu rupa:
A. Ngomong
Dua (ironi):
“Profésor”
(nyebut ka
budak nu dianggep bodo)
“Ajengan”
(moyok ka nu
kakara santri tapi adigung)
“ Subuh-subuh teuing”
(nyebut ka nu
datang kabeurangan)
B. Meupeuh
Lemes (sarkasmeu)
Contona: “Mun hayang téréh dikubur, ulah mamawa tiwas kabatur!”
(ceuk pulisi ka supir nu ngajalankeun mobilna tarik teuing)
C. Ngomong
seukeut (sinis) = Moyok
nu leuwih rosa/jero teurakna. Sanajan, bisa jadi ari basana mah lemes. Contona:
“titingalan téh aya ucing
bulu hiris (cacah/somah), sugan téh candramawat (turunan
ménak/ningrat) sadayana”
“mangga wé sadérék nu salaku sarjana nu mingpin deui, da ari
abdi mah aki-aki bodo taya kanyaho”
6. KADALON (pleonasmeu)
Kadalon = tina kecap dalu =
leuwih. Kadalon = leuwih makéna kecap (saenyana cukup sakali/sakecap, tapi dina
susastra dileuwihan téh pikeun nambahan sari/ jadi mamanis basa). Contona:
Ngupat ngawada, naék ka luhur, turun ka handap, teuleum ka jero
cai, ngomong ngawangkong, ningali ku panon, déngé ku ceuli, jsb.
7. RARAHULAN (hiperbul/hiperbola)
Di dieu mah nu leuwih téh lain kecapna, tapi ungkarana (sagala
digedékeun).
Contona: Digawé satengah paéh, dehemna saga gélédég, hulu
dijieun suku, jsb.
Dina sastra Pantun kacida digegedékeunana:
Kumisna mani ngajebug
sagedé sapu injuk. Kumis pacorok jeung janggot, sok matak mintul baliung, matak
rompang karia kujang.
Bulu irung digelungan
siga bangbara ngaliang. Bulu kélék dilélépé siga nu nyoréndang koja. Bulu
taktak digulungan siga nu manggul heurap
8. NGASOR (litotés)
Sabalikna tina rarahulan, ngasor mah sagala dileutikkeun,
dihandapkeun (sakapeung dipaké pikeun ngahandapkeun diri/handap asor). Contona:
Tuangna gé karo
uyah, teu
aya naon-naon
Calik heula ka saung
butut
Hatur lumayan, sasieureun sabeunyeureun.
Émutan cek abdi nu
bodo, asa piraku…………
9. RAGUMAN (syneodoche)
= anu loba dihijikeun, atawa sabalikna, nu hiji/sawaréh dianggap
kabéh
Aya dua rupa:
1. Hurunan
(totem pro parte) = nyebut sakumna, padahal nyatana ngan saurang, sahiji,
sawaréh, atawa sabagian. Contona:
– cau téh
geus arasak dina tangkalna
–
mahasiswa Sunda keur ngiluan pasanggiri dangding
–
Indonesia keur pertandingan silat jeung Thailand
1. Tunggalan
(pars pro toto) = nyebut sabagian pikeun sajumlahna/sakabéhna.
– Si Amud
ti isuk mula teu katingali irungna
– Jatah
BLT pikeun sasirah téh saratus lima puluh rébu
– “alatan
cilaka kamari sukuna téh potong, jadi dibawa ka rumahsakit!”
10. RAUTAN (euphemisme)
= iketan ungkara anu diganti ku nu leuwih halon, pédah karasana cohag upama
diucapkeun sahinasna. Contona:
– Badé ka pengker heula/badé ka cai heula.
(hayang kiih/kahampangan)
– Asep Irama teu awas socana (lolong)
– Saéna dilereskeun deui (lepat)
– “sareng anjeuna mah nyarios téh kedah rada tarik, margi
anjeuna kirag ngadangu” (torék)
tekadpangestu.wordpress.com/2013/03/06/gaya-basa-dina-basa-sunda